Sasak Cincin Jatinangor, Sumedang, Titinggal Walanda keur Jalan Kareta Api, Kiwari Dipake Lalar Liwat Warga

- 18 Februari 2023, 14:30 WIB
Sasak atawan jambatan Cincin bihari lengkep jeung kareta apina (istimewa)
Sasak atawan jambatan Cincin bihari lengkep jeung kareta apina (istimewa) /

Pangna disebut Jembatan Cincin, lantaran wangunna mirupa watang ali, utamana wangun tihangna nu nancleb jero ka jero taneuh, bari jeung weweg kacida tandaning tembok betonna hade.

Ieu jembatan nu ayeuna aya di satukangeun Universitas Padjadjaran Kampus Jatinangor sarta pahareup-hareup jeung hiji apartemen teh, mimiti teu kapake nalika Walanda serah bongkokan ka Jepang taun 1942.

Ku Jepang, bejana, sajaba teu dipake teh, erelna nu aya oge kalahka dikakatan, terus dikirimkeun ka Jepang pikeun diropea jadi pakakas perang.

Alatan robah penjajah, rarancang Walanda manjangkeun erel kareta api nepi ka Sumedang oge kandeg. Padahal Walanda, geus tatan-tatan rek nyambungkeun erel kareta api ti SS ka Sumedang.

Ti saprak jaman Walanda, jembatan Cincin “nganggur” teu jadi tempat liliwatan kareta api deui. Mangpaatna ayeuna keur lalar liwat warga wungkul atawa tempat popotoan.***

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x