Sasak Cincin Jatinangor, Sumedang, Titinggal Walanda keur Jalan Kareta Api, Kiwari Dipake Lalar Liwat Warga

- 18 Februari 2023, 14:30 WIB
Sasak atawan jambatan Cincin bihari lengkep jeung kareta apina (istimewa)
Sasak atawan jambatan Cincin bihari lengkep jeung kareta apina (istimewa) /

GALURA - Sasak atawa jembatan Cincin teh sakumaha anu pada terang, minangka adengan titinggal Walanda keur erel kareta api.

Ngan sabada teu dipake nepi ka ayeuna, sasak Cincin teh dipake lalar liwat warga nu rek ka Desa Cileles atawa Narongtong Desa Cileles kacamatan Jatinangor, Sumedang, atawa di wewengkon Cileles ka Jatinangor.

Ku kituna, sok sanajan teu dioake jalur kareta api deui, sasak cincin masih gede mangpaatna keur warga.

Nurutkeun catetan sajarah, ngadegna jembatan Cincin teh taun 1917 keur kapereluan atawa jalan kareta api. Ari nu ngadegkeunana, pausahaan kareta api Walanda, Staat Spoorwagen Verenidge Spoorwegbedrijf.

Dumasar katerangan anu katampa ku Galura, pamarentahan Sumedang jaman Walanda, kaasup pamarentahan nu “bageur” jeung nurut ka Walanda. Nalika Walanda marentahkeun bupati Sumedang harita pikeun melak kopi, bupatina nurut; ngaluarkeun parentah ka rayat pikeun melak kopi.

Eta kopi saterusna dibeuli ku Walanda ku harga nu tangtuna murah, terus dikirimkeun ka Batavia (Jakarta) samemehna dikrim ka Walanda.

Tah ngirimkeun kopina ti Sumedang ka Batavia teh, nya liwat jalur kareta api tea. Kopi ti wewengkon Sumedang kaasup ti wewengkon Kampung Gudang (asalna tina Gudang Kopi) Desa Gudang, dibawa ka stasiun kareta api panungtung di Sumedang, nu perenahna di wewengkon nu disebut SS (tina Staat Spoorwagen), teu jauh ti alun-alun Tanjungsari.

Ti Tanjungsari, eta kopi jeung hasil tatanen sejen ti Sumedang, saterusna dibawa ngulon ngaliwatan Jembatan Cincin tea nyambung ka Rancaekek.

Biheung, mun harita taya akuteun ti wewengkon Sumedang mah, Walanda boa moal ngadegkeun rel kareta api, kaasup ngadegkeun jembatan Cincin tea.

Jembatan Cincin teh mun diukur panjangna kurang leuwih 40 meter. Ari jangkungna kurang leuwih 20 meter.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x