Lian ti eta, wisatawan ge bisa ulin di basisir, ngojay, atawa ngan saukur ulin keusik, atawa nambul beuleum lauk laut meunang mesen ti warung seafood di lelewek basisir.
Baca Juga: Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga
Dua, Cirata Jangari
Tempat wisata nu disebut Cirata Jangari teh sesebutan keur Waduk Cirata, dano jieunan nu caina keur bubutuh PLTA.
Kaayaan di Cirata Jangari endah kacida alamna. Di dieu, urang bisa angkleung-angkleungan di luhureun cai ngagunakeun parahu leutik. Keur nu resep nguseup mah, ngangkleung dina beungeut cai teh bisa bari nguseup sagala.
Tempatna lain bobohongan, instagramable, merenah disungsi jeung kulawarga atawa kabogoh.
Tilu, Curug Cikondang