Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga

- 27 Januari 2023, 16:45 WIB
Dua rempat wisata di Bogor, Ngopi di Sawah jeung Agriwisata Gunung Mas/Instagram @visitbogor
Dua rempat wisata di Bogor, Ngopi di Sawah jeung Agriwisata Gunung Mas/Instagram @visitbogor /

Ngopi di Sawah

Nu disebut teh nyaeta hiji wisata kuliner di Bogor mangrupa resto jeung tempat ngopi husus. Perenahna di sisi pasawahan di wewengkon Puncak KM 72, Megamendung, Bogor.

Ieu tempat wisata kuliner bisa mulangkeun panineungan ka kaayaan lembur baheula nu endah, asri, resik.

Sedengkeun keur urang kota mah, ieu tempat wisata merenah pisan keur healing, keur ngabebaskeun kasumpek hate alatan gawe.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Kadaharan nu aya di dieu, rupa-rupa.

Sajaba ti sadia kopi husus, oge aya kadaharan tradisional kawas Bubur Madura.

Hargana, tong seber, sabab umumna moal matak koredas eusi dompet.

Agrowisata Gunung Mas

Ieu tempat wisata, kaasup kasohor pisan. Buktina, unggal poe pore, boh Minggu, atawa poe pere sejenna, nu daratangna teu weleh merul, babakuna ti Jakarta jeung sabudeureunana.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @visitbogor


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x