Di Musieum Subang Aya Patung Pangawasa Perkebunan Petter Willem Hofland, Tapakna Natrat Keneh

- 18 Januari 2023, 12:30 WIB
 Patung Petter Willem Hofland katut pamajikan jeung anakna/Galura/Aam Permana S
Patung Petter Willem Hofland katut pamajikan jeung anakna/Galura/Aam Permana S /

 

GALURA - Petter Willem Hofland teh urang Walanda nu kungsi dipikaserab di wewengkon Kabupaten Subang.

Mangsa keur hirupna, Petter Willem Hofland jeung pamajikanna, ngadegkeun jeung makieuhkeun perkebunan kopi di Subang.

Usaha kebon kopi Petter Willem Hofland  nu make ngaran Pamanoekan & Tjiasemlanden (P & T Lands) teh maju naker jeung kakoncara nepi ka jauhna, babakuna ka Walanda jeung sawatara nagara Eropa sejenna.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Bejana mah, sanggeus ngadeg sababaraha lila, legana perkebunan kopi Petter Willem Hofland meh sarua jeung legana Kabupaten Subang ayeuna.

Hofland, geus lila tilar dunya. Tapi tapakna jeung ciri manehna kungsi aya di Subang natrat keneh.

Hiji di antarana mangrupa patung nu katelah patung Hofland nu dijieunna tina parunggu tur disimpen di Museum Daerah Subang. 

Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur

Eta patung, ayeuna jadi koleksi primadona sing saha wae nu ngadongdon eta musieum lantaran patungna bangun nu hirup jeung gede simana.

Patung Hofland teh henteu “nyorangan” di musieumna. Manehna “dibaturan” ku patung pamajikan jeung budakna, nu sarua papada dijieun tina parunggu deuih.

Eta tilu patung nu kawas nandeskeun yen maranehna teh nu kungsi “ngamilik” Subang teh bakal ngabageakeun singsaha wae nu  datang ka musieum.

Baca Juga: Kasus AKI di Jawa Barat matak Pikangeneseun, dr. Nina Susana Déwi: “Ku Program KBPP, AKI tiasa Kaungkulan!”

Ari nu jadi musieum ayeuna, nyaeta urut gedong nu dibere ngaran Societe nu diadegkeun Hofland mangsa keur jumeneng keneh.

Nurutkeun sajarah, awitna eta gedong teh digunakeun keur tempat sosialilasi demang-demang nu marentah di wewengkon Subang.

Ngan lila-lila, babakuna sabada diomean, eta gedong dipake keur tempat ngumpul ngariung sakur pajabat nu ngokolakeun P&T Lands,  tempat pintonan kasenian, bilyard, bowling jeung golf.

Baca Juga: Guha Pawon Kakoncara, Endah tapi Aheng, Kungsi Kapanggih Rorongkong Manusa Purba

Ayeuna, eta gedong titinggal jaman Walanda teh disebut Gedong Wisma Karya.

Koleksi sejen

Patung Hofland sakulawarga teh tangtu ngan saukur sabagean leutik tina koleksi Musieum Daerah Subang, sok sanajan eta patungna teh minangka koleksi primadona nu aya di musieum.

“Sakumaha anu tiasa ditingali, di ieu musieum seueur keneh koleksi sejenna nu ajenna teu kawon ti eta patung,” cek hiji patugas museum ka Galura, dina hiji waktu.

Baca Juga: Guha Pawon, Rebuan Lalay, Aya Nu Leueur jeung Bau, Manehna Surti...

Nurutkeun catetan, barang koleksi di musieum nu perenahna aya di Jalan Ade Suryani No 2 Subang teh, kabehna aya 130.

Koleksina ti mimiti banda jaman pra sajarah nepi ka masa perjuangan ngalawan penjajah. Antarana wae tulang gajah tangkorak jeung tanduk munding purba, tur fosil kerang laut purba.

Dina sawatara etalaseu, katiten rupa-rupa banda titinggal jaman penjajahan kayaning pakarang nu kungsi dipake penjajah Walanda, sarta sawatara pakean jeung banda-banda sejenna nu biasa dipake ku demang atawa pajabat pamarentah Subang jaman harita.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Dina etalaseu sejenna, aya oge pakakas jaman pra sajarah kayaning kampak sapatu, kampak corong jeung candrasa.

Teu katinggaleun banda nu minangka bukti sumebarna agama Hindu-Budha jeung Islam. Antarana wae patung nandi, patung Dewa Siwa, koleksi Quran tina kulit sasatoan jeung rupa-rupa keris nu kungsi dibabawa ku nu nyebarkeun Islam di Subang.

Lian ti eta aya oge koleksi mangkok Cina jaman Dinasti Ming nu kapanggih ti dasar laut Blanakan Subang jeung Guci Myanmar nu tembong aheng naker.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

Sakabeh koleksi nu aya di musieum Subang teh saenyana matak resep ningalina. Ajen koleksina oge lain samanea deuih.

Ngan hanjakalna, musieum jeung koleksina teh bangun nu teu kaurus.

Eta hal teh ditepikeun ku Yusep Subagja, hiji urang Bandung nu ngahaja datang pikeun ningalian rupa-rupa barang nu aya di musieum.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

“Nitenan barangna mah Musieum Sri Baduga nu Kota Bandung oge eleh. Banda nu aya di ieu musieum rereana asli lain replika kawas di Sri Baduga.  Hanjakalna, ngokolakeunana kurang daria,” pokna basa tepung jeung Galura di eta musieum.

Ulah heran, manehna ngarasa teu betah lila aya di jero musieum. Sawadina mah, pokna, pamarentah di Subang leuwih merhatikeun eta musieum malar nu ngadongdonna betah.

Untungna wae, cek Yusep, di eta musieum teh aya patung Hofland nu tembong kawas nu hirup jeung gede komarana.

Baca Juga: Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia

“Mun teu aya eta patung mah, karek saelol ge langsung kaluar deui ti musieumna,” pokna deui. Manehna ngaku yen patung Hofland teh memang kaasup patung langka nu minangka karya luar biasa. “Boa, roh Hofland napel dina eta patung,” cek Yusep deui.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x