Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

- 17 Januari 2023, 13:05 WIB
Jajaneun atauwa kuliner angkringan jeung takoyaki di Bogor/Instagram @visitbogor
Jajaneun atauwa kuliner angkringan jeung takoyaki di Bogor/Instagram @visitbogor /

GALURA - Nyaritakeun kuliner di Bogor mah kawasna moal tamat-tamat.

Kaharti, tuda kuliner di Bogor teh rea pisan. Di mana-mana aya jeung matak pikabitaeun deuih.

Sok komo deui ti saprak jalma beuki resep ngaprak ka tempat wisata kaasup tempat wisata nu nyadiakeun jajaneun atawa kuliner nu ngeunah rasana jeung endah patempatanana.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Ti harita mah di Bogor mingkin rea kuliner nu merenah jeung bisa dijugjug jeung kulawarga.

Jajaneun atawa kulinerna, kaayeunakeun mah lain wae nu tradisional atawa buhun Bogor wae. Ayeuna mah teu saeutik kuliner model anyar.

Upamana wae, dua antarana bakal diungkab dina ieu artikel.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

1. Angkringan Sendok Melintir

Nurutkeun catetan ieu angkringan teh kaasup kuliner anyar di Bogor.

Ngan sok sanajan anyar, kulinerna langsung ka koncara, sohor, jeung pada ngajugjug babakuna dina poe Saptu atawa Minggu atau "akhir pekan".

Munasabah kituna mah, sabab ieu angkringan make konsep angkringan Jogja. Kitu cenah, vibes angkringanna Jogja pisan.

Baca Juga: DLH Kabupaten Bandung Boga 104 Armada Angkut Runtah, Asep Kusumah: Masalahna di TPA

Sajaba ti eta, harega dahareunna moal ngalantarankeun loket dadas, sabab marurah.

Bejana, "nasi kucing" wae di ieu angkringan ngan 3 rebu perakan. Murah pisan.

Pon kitu deui rupaning sane nu langsung dibeuleum dina areng.

Onjoyna deui, ieu angkringan teh paling henteu sabulan sakali sok ngayakeun acara keur palanggan, kaasup sok aya promo hararits.

Perenahna, ieu angkringan teh di Jl. Perumahan Bogor Asri, Nanggewer, Kec. Cibinong, Kabupaten Bogor.

Baca Juga: Sunan Margataka Prajurit Pinilih Pajajaran Jadi Santri di Gunung Jati Cirebon

 

Rupaning takoyaki

Ieu kuliner "modern" teh kaasup anyar ayana di Bogor.

Lantaran geus boga ngaran, ieu kuliner nu muka tempat di tengah kota jeung staregis nyaeta di hiji mal Bogor, barang muka, langsung pada ngadeugdeug. Unggal waktu teu siriknya pinuh wae nu jajananna. 

Nu dijual di ieu tempat, cenha lain wae menu takoyaki wungkul, tapi aya nu sejenna. Antarana takoyaki crunchy kalawan topping crunchy jeung takosenbei nu biasana dibaluran ku kueh tina beas ti Jepang nu pepel, liket.

Baca Juga: Kasus Rajapati Brigadir J, JPU : Ricky Rizal Kudu Ditibanan Hukuman Berok 8 Taun!

Lian ti eta, aya oge menu sejenna cara okonomiyaki, gyudon dan chizuyaki.

Halal? Tangtung wae, sabab bahan-bahanna dijieun tina olahan halal sajaba ti seger jeung kualitas premium.

Bahan-bahan yang @tako8hachi.id gunakan dijamin halal, fresh dan berkualitas premium.

Baca Juga: Sihoreng Ieu nu Ngalantarankeun JPU Menta Terdakwa Ricky Rizal Ditibanan Hukum Berok 8 Taun Teh...

Panasaran? Mangga jugjug wae tempatna, mun parengg ka Bogor. Kade hilap kangge Galura, bungkus! (hehe)***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @visitbogor


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x