Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

28 Januari 2023, 15:15 WIB
Kokojayan di sirah cai Cimincul Pasanggrahan, Subang/Instagram @exsploresubangid /

GALURA - Mun ka Subang, sakali-sakali mah nyaba ka sirah cai atawa mata air, sabab di Subang rea pisan sirahna caina. Tempat ulin atawa wisata murah.

Eta teh cek sobat urang Kacamatan Kasomalang, Subang, nu ngaranna Sahidi, dina hiji waktu.

Samalah Sahidi, sobat keur kuliah di Unsap Sumedang teh ngarekomendasikeun hiji sirah cai di wewengkon Desa Pasanggarahan, Kacamatan Kasomalang nu katelah Cimincul.

Baca Juga: Bupati Majalengka Reuwaseun, Ningal Pamuda Keuna Serangan Jantung Ngadadak di Panto Lif RSUD Cideres

"Mangga geura sungsi, caina canembrang herang, tiasa kokojayan sareng teuleum oge," pokna satengah promosi.

Dijurung ku panasaran, basa pareng ka Subang, Galura hiji waktu ngahajakeun maneh ka sirah cai (mata air) Cimincul tea, nu perenahna di Desa Pasanggrahan, Kasomalang. Ki Sobat, Sahidi, ngahaja nganteur.

Barang srog, enya we ku sareretan oge, sirah cai Cimincul aya ku endah. Sajaba ti aya sirah cai nu bisa dipake kojayan, alam disabudeureunna oge endah jeung asri keneh, jauh beda jeung alam pakotaan.

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

"Teu bohong, pan?" cek Sahidi bari seuri. Galura unggeuk.

Sirah cai Cimincul teh kaasup tempat wisata nu sok pada ngajugjug pikeun kokojayan atau ukur mandi. Rereana, nu datangna teh urang kota Subang, jeung Bandung.

Ngajugjug ka Cimincul ti Bandung upamana, bisa ngaliwatan akses Tol Cipali. Sabada asup ka wilayah Subang, kebat ka wewengkon Pasanggrahan.

Baca Juga: Kasehatan Prioritas Utama Kabupaten Ciamis, Bupati: Puskesmas di Panjalu jeung di Cisaga Bakal Dibangun deui

Nya ti Pasanggarahan, diteruskeun ka Cimincul tea. Moal bireuk da mun tatanya ka warga ge, ari aya di Pasanggarahan mah.

Anggangna ti puseur Kota Subang ka Cimincul, kirang 27 km, bisa disorang kurang leuwih 90 menitan, kana motor atawa mobil.

Kabita ku caina nu canembrang herang, ngangenyas kawas taya kokotor pisan, Galura tuturubun ka sirah cai sanggeus mayar ongkos asupna nu kawilang murah, ukur lima rebu perak.

Baca Juga: Pabukon Komunitas Gada Membaca Mibanda Pojok Digital, Masarakat Bisa Maca Buku dina Aplikasi iPusnas

Geus kitu mah gejebur we ngajleng ka sirah cai, ngojay, teuteuleuman, bareng Sahidi.

Geus kitu mah, enya, Galura poho kahanjat. Boa mun teu inget yen aya jugjugeun mah, moal hanjat ti sirah cai Cimincul.

Sabada hanjat, gancang muru warung nu aya di jero komplek Cimincul, mesen kopi jeung neangan dahareun tamba lapar.

Baca Juga: Tradisi Ngumbah Jimat, Naha Enya Lain Budaya Sunda? Abah Cakra Suwargi: Pangaruh ti Mataram

Basa rek mulang, tembong saabringan warga nu rek kokojayan, bari samemehna nyewat alat keur ngojay jeung snorkeling. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler