GALURA - Teu mencog, di wewengkon Bogor teh rea kacida tempat wisata nu merenah disungsi keur healing bareng jeung kulawarga atawa bebene.
Nu matak kayungyunna, sajaba ti rea, tempat wisata di Bogor teh umumna pikaresepeun, matak betah jeung marurah deuih.
Marurah di dieu, lain wae ongkos asup ka tempat piknikna, tapi oge kadaharanna, mun nu disungsina tempat wisata kuliner.
Baca Juga: Leuweung Jahim, Wisata Alam Pagunungan Ciamis Kalér
Galura sawatara waktu kaliwat kungsi ngahaja nyungsi sabaraha tempat wisata di Bogor, kaasup nu viral di media sosial.
Jeung enyana, sajaba ti tempatna arendah teh, memang marurah.
Geura we tingali dua tempat wisata ieu, nu direkomendasikeun pikeun disungsi mun pamaca Galura boga rarancang heualing atawa piknik ka Bogor pikeun ngeusian tungtung minggu atawa akhir pekan.
Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga
Ngopi di Sawah
Nu disebut teh nyaeta hiji wisata kuliner di Bogor mangrupa resto jeung tempat ngopi husus. Perenahna di sisi pasawahan di wewengkon Puncak KM 72, Megamendung, Bogor.
Ieu tempat wisata kuliner bisa mulangkeun panineungan ka kaayaan lembur baheula nu endah, asri, resik.
Sedengkeun keur urang kota mah, ieu tempat wisata merenah pisan keur healing, keur ngabebaskeun kasumpek hate alatan gawe.
Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang
Kadaharan nu aya di dieu, rupa-rupa.
Sajaba ti sadia kopi husus, oge aya kadaharan tradisional kawas Bubur Madura.
Hargana, tong seber, sabab umumna moal matak koredas eusi dompet.
Agrowisata Gunung Mas
Ieu tempat wisata, kaasup kasohor pisan. Buktina, unggal poe pore, boh Minggu, atawa poe pere sejenna, nu daratangna teu weleh merul, babakuna ti Jakarta jeung sabudeureunana.
Nu "dijual" di dieu, sajaba ti kebon enteh nu lega, nu bisa diaprak sacapena, bari ngararasakeun hawa nu seger, aya oge fasilitas sejenna.
Fasilitas nu ditujul antarana panginepan, kuda tunggang, offroad, ATV, papanahan, jeung rea-rea deui.
Ieu tempat wisaya nu aya wewengkon Gadog Kacamatan Cisarua, Kabupaten Bogor teh, pas disungsi ku kulawarga.
Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'
Kitu tah dua tempat wisata di Bogor nu bisa disungsi jeung direkomendasikeun teh. ***