Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

18 Januari 2023, 14:30 WIB
Dua kuliner di Bogor nu wajib dipecakan rasana/Instagram @visitbogor /

GALURA - Ulin ka wewengkon Bogor mah moal hese ku tempat kuliner atawa dahareun mun sakalina lapar.

Lian ti kitu, ulah gimir mun pareng dompet keur ipis deuih.

Pangna kitu, sabab kuliner nu jlugjleg di wewengkon Bogor, karereanna murah, moal matak dadas kana dompet.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

Sok sanajan tempat kulinerna anegleng jeung mirupa resto mewah upamana, ari harga kadaharanna mah umumna murah.

Sok we geura jugjug ieu tempat wisata kuliner, mun pareng ka Bogor. Pasti bakal kaget, sabab hargana memang murah.

1. Warung Nasi Kemangi

Ieu warung nasi teh warung nasi Sunda. Konsepna ge gaya parasmanan, tapi tempatna model di resto merah.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Menuna, kawasna jarang aya di tempat sejen, jeung karereanna tangtu wae pasakan gaya Sunda, Priangan.

Antarana wae sambel babat, kikil mercon, sop iga seuhah cara sip janda, sambel tulang jambal, tumis cumi-cumi, sambel udang pete, sayur asem jeung rea-rea deui.

Masakanna, mungguh merenah kana letah urang Sunda. Rasana ge mewah.

Baca Juga: Ci Manuk Kuring, Ci Manuk Dikakaya, Tinggal Hariringna

Ngan sok sanajan kitu, haregana mah murah, pisan murahna ge. Ukur rebuah atawa welasan rebu saporsina.

Ieu warung nasi nu aya di Jalan Selang No 6 Bogor Tengah Kota Bogor teh teu weleh haneuteun. 

Bejana, samemeh dibuka sawatara waktu ka tukang, ie warung nasi nu nyadiakeun cuci mulut kayaning kueh ali, ongol-ongol teh geus viral pisan di media sosial.

Baca Juga: Bedog Barlen Mucunghul tina Tradisi di Cibeureum Tanjungsiang Jaman Belanda, Kiwari Aya Kahariwang...

2. Nasi Bebek Madura

Mun pareng ka Bogor sono kana pasakan bebek atawa meri, tinggal mengkol we ka Nasi Bebek Bha Peya.

Aya tilu tempat jualanana teh, nyaeta di Foodcourt Kavling 87, di lelewek sasak Ceger, jeung di Jalan Padi teu jauh ti Universitas Pakuan.

Nurutkeun @visitbogor, ngaran nasi bebek Bha Peya teh nyoko kana "karuhun" nu ngokolakeun ayeuna, asli Madura.

Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur

Bejana resep bungbu nasi bebekna langsung warisan ti Bha Peya nu nepi ka ayeuna teu bocor ka padagang sejen. Resepna super asli Madura.

Naon kaunggulanna?

Cenah olahan bebek di ieu tempat teh rasana beda sabab make bungbu nu disebut bungbu ireng nu gurih kacida, euyeub ku rupaning rempah nu mere rasa lada kana pasakanna.

Ari dagingna, cenah, hipu kacida kalawan samarana nyerep meh nepi kana tulang.

Baca Juga: Guha Pawon, Rebuan Lalay, Aya Nu Leueur jeung Bau, Manehna Surti...

Hargana, sok sanajan pasakanna mewah, teu mahal, nepi ka ayeuna masih 20 rebuan saporsina.

Kitu tah dua tempat wisata kuliner di Bogor teh. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @visitbogor

Tags

Terkini

Terpopuler