Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

18 Januari 2023, 13:30 WIB
wisata di Bogor, umumna konsepna kumplit; aya wisata alam atawa budaya, oge aya wisata kuliner diadumaniskeun, malah lengkep jeung hotel atau panginepanana/Instagram @visitbogor /

GALURA - Ngaprak ka Bogor mah nyaan, moal matak bosen, komo bari saku merekis mah.

Nu matak kitu, lantaran di Bogor, di wewengkon nu hawana masih kawilang seger, geus lila dugdeg tempat wisata nu pikabetaheun.

Mingkin pikabetaheun deui, sabab wisata di Bogor, umumna konsepna kumplit; aya wisata alam atawa budaya, oge aya wisata kuliner diadumaniskeun, malah lengkep jeung hotel atau panginepanana.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Pokona, asal saku merekis, sakumna eta tempat pangulinan nu kumplit teh bisa dijugjug jeung dirarasakeun kaendahan jeung kanikmatan kulinerna.

Geura we titenan ieu dua tempat wisata kumplit meunang nyutat tina @visitbogor. Kumaha teu matak betah?

1. Kopi Tubing Park

Nurutkeun katerangan, ieu tempat wisata teh kumplit naker sajaba ti ajen estetikna rohaka.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

Di ieu tempat, nu ngadongdon bisa ulin cai cara di basisir, nyaeta di sisieun walungan nu endah kalawan cai canembrang herang.

Bosen ulin cai atau ngan saukur nongkrong, nu ngadongdon bisa reus di cafe di tengah pasawahan.

Di ieu tempat, pamandanganna endah kacida jeung instagramable. Alus naker keur popotretan, selfi, jeung sajabana.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Mun pareng nu ngadongdon bareng jeung barudak, di ieu tempat oge aya wisata edukasi melak sayureun jeung tutuwuhan di kebon atau ningali sasatoan di mini zoo.

Mun hayang nginep, di ieu tempat aya tempat nu aheng keur sare.

Tempatna mangrupa glamping jeung cabin nu dikonsep mezzanine nu rea pisan spot keur popotanna.

Ieu tempat wisata kumplit teh perenahna di Jalan Gunung Menir, Desa Ciasihan Pamajihan Kabupaten Bogor nu hawana masih seger alatan aya di alam pagunungan.

Baca Juga: Warga Kampung Cibeureum, Desa Tanjungsiang, Subang, Masih Ngaleukeunan Bedog Barlen

2. Node Cafe @ Longe.

Ieu tempat, kiwari keur meujeuhna viral di Bogor, jeung remen dijugjug ku urang Jakarta jeung sabudeureunana.

Cek sawatara wisatawan nu kungsi datang, ieu tempat nu aya di kawasan pasahawan teh mungguh endah, vibesna kawas aya di Bali, ecesna di Ubud.

Ieu cafe tilu lante nu aya di kawasan pasahawan teh diropea make tilu konsep nu beda-beda.

Baca Juga: Putri Anjungsari (1)

Lante pangluhurna make konsep cafe jeung longe, sedengkeun lante nu kadua jeung panghandapna make konsep fine daining jeung The Plaza Outdoor nyanghareupan stage.

Menu kadaharan nu disadiakeunna rupa-rupa. Tapi aya nu spesiel di ie cafe teh, nyaeta inumeun nu dijieunna di kecombrang.

Ieu tempat aya di Jalan Veteran 1 No 19, Pancawati, Caringin, Kabupaten Bogor.

Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur

Panasaran? Sumangga geura jugjug we...***

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @visitbogor

Tags

Terkini

Terpopuler