Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

- 1 Juni 2023, 08:08 WIB
Panday di Kabupaten Majalengka. Titimangsa Hari Jadi Kabupaten Majalengka dumasar mitos jeung dilelebah..
Panday di Kabupaten Majalengka. Titimangsa Hari Jadi Kabupaten Majalengka dumasar mitos jeung dilelebah.. /Nanang/Galura

Sangkan tanggal Hari Jadi Kabupaten Majalengka dina pananggalan Masehi disalusur wae tanggal 10 Muharam taun 1490 meneran tanggal sabaraha bulan naon. Nya kapanggih tanggal 7 Juni, jadi titimangsa Hari Jadi Kabupaten Majalengka teh 7 Juni 1490.

Kawasna taun 1980 Kabupaten Majalengka tacan mikawanoh ahli sejarah atawa sejarawan tepi ka Tim 22 nangtukeun Hari Jadi Kabupaten Majalengka ukur dilelebah, dipapantes. Pemda jeung DPRD oge nyatujuan kitu wae.

Mun diitung ti taun 1980 tepi ka taun 2023 masarakat jeung pemda Kabupaten Majalengka geus mieling Hari Jadi Kabupaten Majalengka nu ditetepkeunana dumasar dilelebah, lain dumasar fakta sejarah.

Padahal fakta sejarah dibentukna Kabupaten Majalengka teh geus kakoreh: Staatsblad No.7 tanggal 11 Februari 1840 jeung Besluit Gubernur Jendral Hindia Belanda No.2.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x