Ngamekarkeun Inovasi Teknologi, Acep Purqon: Kudu Napak kana Ajén Budaya

- 22 Maret 2023, 05:40 WIB
Acep Purqon, S.Si, M.Si, Ph.D, dosén FMIPA ITB nu ogé Ketua Tim Road Map Science Techno Park (STP) ITB.*
Acep Purqon, S.Si, M.Si, Ph.D, dosén FMIPA ITB nu ogé Ketua Tim Road Map Science Techno Park (STP) ITB.* /Rameli Agam/

GALURA – Ngamekarkeun inovasi teknologi téh salasahiji tarékah ngigelan kamajuan jaman. Ari kangaranan teknologi, éta minangka alat atawa sarana sangkan kahirupan mingkin tumaninah turta mawa mangpaat keur balaréa.

Di satengahing ngabelesatna kamajuan teknologi, aya nu kudu tetep jadi cecekelan, nyaéta kamekaran teknologi nu napak kana ajén budaya. Sabab, mun inovasi teknologi teu napak kana ajén budaya, jadi matak salalawasna bakal tuturut munding wé.

Kitu antarana nu ditepikeun ku Acep Purqon, S.Si, M.Si, Ph.D, Ketua Tim Road Map Science Techno Park (STP) Institut Teknologi Bandung (ITB), waktu ngawangkong di kantorna, di Jalan Ganesa, Kota Bandung, Senén, 20 Maret 2023.

Ceuk Acep Purqon, di Jepang atawa Korea Selatan, méh inovasi teknologi nu dilakonan téh bari dibarengan ku hasil riset budaya. Ku kituna, lian ti hasilna mawa mangpaat, oge baris numuwuhkeun sumanget paheuyeuk-heuyeuk ngungkulan pasualan nu aya.

Baca Juga: Delegasi USM Malaysia Ngadongdon ITB, Maheutkeun Rukun Gawé Regional ASEAN

Sabot ngungkulan rupaning pasualan kahirupan téa, tétéla unsur budaya kalintang pentingna enggoning nyiar bongbolongan ku cara inovasi teknologi.

“Sakur daérah atawa nagara mibanda ciri mandiri ngeunaan kaayaan alam, geografis, atawa sosial budayana. Ku napak kana ajén budaya, inovasi teknologi bakal leuwih notog kana udagan nyanghareupan hahalang luyu jeung pangabutuhna séwang-séwangan,” pokna.

Kitu deui, mun ngamekarkeun inovasi teknologi bari napak kana ajén budaya, baris jadi bangsa nu unggul.

Di Tatar Sunda, upamana, geus ti béh ditu mula masarakat Sunda mibanda kaarifan lokal ngeunaan teknologi tatanén.

Tétéla, karuhun Sunda geus miboga kaunggulan ngawasa tata ruang, pranata mangsa, sarta etnosains séjénna, nu dilarapkeun geusan ngungkulan pasualan kahirupan nu luyu jeung kaayaan geografis tur ajén-inajén budaya.  

Etnosains téh gurat badagna mah transformasi pangaweruh nu lumangsung ti entragan ka entragan satuluyna tur antukna jadi pangaweruh kolektif masarakat kalawan mibanda ajén ilmiah lagu nyanghareupan rupa-rupa fenomena alam.

Baca Juga: Pangajen Menhan Kana Inovasi Teknologi Kodam Siliwangi

“Tah, éta etnosains téh bisa dilarapkeun dina pangajaran sains atawa elmu alam, boh di sakola boh di lingkungan masarakat,” ceuk Acep Purqon.

Acep Purqon téh pituin Cianjur, nu gumelar 15 Séptémber 1974. Nyuprih program S1 jeung S2 di Jurusan Fisika ITB, laju S3 Computational Science di Universitas Kanazawa (2008), tur kiwari ngajar di FMIPA ITB.

Publikasi panalungtikanana sumebar di jurnal nasional jeung internasional. Inyana gé remen jadi panyatur dina pirang-pirang seminar ilmiah, boh di Indonesia boh mancanagara.

Ngeunaan etnosains, inyana gé tuluy ngébréhkeun, di lingkungan masarakat tradisional geus kawangun pangaweruh asli dina wanda adat istiadat atawa nu ditepikeun ku cara lisan.

Wangun pangaweruh henteu dilarapkeun formal, tapi ku cara amanat, pamali, tur wangun lisan lianna. Prak-prakanana, misalna dina cara tatanén, ngarawat leuweung, ngajaga mata cai, jeung nu séjénna.

“Éta etnosains téh kalintang pentingna pikeun terus diteuleuman, jadi bahan tinimbangan ilmiah keur kurikulum pangajaran formal di sakola,” pokna.

Baca Juga: Prajurit Zidam III Siliwangi Dilatih Operasional Mesin Bubut, Ngawasa Transfer Teknologi

Anapon sual STP ITB nu gedongna diresmikeun 11 Februari 2023, éta téh tarékah ngawujudkeun ITB minangka puseur silitukeur pangaweruh jeung eksosistim nu ngarojong tumuwuhna budaya ilmiah nu unggul.

Minangka bagéan tina Lembaga Pengembangan Ilmu dan Teknologi (LPIT), rupaning inovasi teknologi STP ITB téh dipiharep ngaronjatna ajén kaélmuan, kawirausahaan, katut karaharjaan ku ngaronjatna ajén sosial jeung paékonomian masarakat.

“Kétak STP ITB udaganana minangka puseur ekosistem inovasi, ti mimiti pangrojong riset inovasi, proses nyieun prototipe tepi ka tahap alih teknologi bareng jeung start up, mitra industri, katut investor sarta komunitas entrepreneur nu unggul,” pokna.

Ku kituna, kamekaran STP ITB ge diwewegan ku program inkubator jeung akselerator bisnis, sarta proses alih teknologi.

Kiwari, aya kira 150 mahasiswa ti rupa-rupa paélmuan nu diaping di STP ITB, kalawan program start up nu diteuleuman antarana waé widang pangan, material, kaséhatan, turta informasi teknologi.

“Ngigelan kamajuan jaman mangsa ayeuna mungguh mikabutuh ayana rukun gawé multidisiplin paélmuan. Indonesia téh minangka super mega biodiversitas nu bisa ngahasilkeun rupa-rupa inovasi teknologi nu tetep napak kana ajén budaya tur jadi bangsa nu unggul,” ceuk Acep Purqon, mungkas obrolan.***

Baca Juga: Taman Rekreasina teh Takesi, Lain di Jepang, tapi di Cisontrol, Ngaran nu Teu Nembongkeun Budaya Lokal

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x