GALURA – Prajurit Zidam III Siliwangi dilatih kaparigelanana dina ngaoperasionalkeun mesin bubut enggoning ngaronjatkeun SDM prajurit.
Pelatihan ngaoperasionalkeun mesin bubut pikeun prajurit Zidam III Siliwangi teh digelar di Depo Material Zeni (Domadzi) Zidam III Siliwangi, Jl. Kalidam, Kota Cimahi, 28 Februari-2 Maret 2023.
Eta pelatihan teh boga maksud malar prajurit Zidam III Siliwangi mampuh ngawasa transfer teknologi, hususon dina bab operasional mesin bubut.
Baca Juga: Pangdam III Siliwangi: Paheutkeun Rukun Gawe Dina Sual Ngungkulan Runtah
Kazidam III Siliwangi Kolonel Czi Rielman Yudha, mertelakeun, dina organisasi, unsur sumber daya manusa (SDM) kalintang pentingna geusan ngarojong kana kasuksesan palaksanaan tugas.
Ku kituna, Zidam III Siliwangi ngagelar pelatihan kaparigelan mesin bubut pikeun prajurit Zidam III Siliwangi nu diaping ku Kabeng Domatzi Kapten Czi Budi Jansen.
“Nyiapkeun prajurit nu tapis parigel teh minangka perkara penting nu kudu dilakukeun. Salasahijina ku cara ngawewegan kaparigelanana geusan ngarojong kalancaran tugas, oge ayana transfer teknologi,” pok Kazidam III Siliwangi, Minggu, 5 Maret 2023.
Baca Juga: Pangdam III Siliwangi: FKPPI Kudu Mibanda Konsep nu Dilarapkeun Kalawan Nyata
Mesin bubut minangka salasahiji sarana teknologi nu ngadukung kana palaksanaan tugas prajurit.
Tah, pamanfaatan sarta kamekaran eta teknologi teh kudu terus diigelan luyu jeung pangabutuh.