Pangdam III Siliwangi: Paheutkeun Rukun Gawe Dina Sual Ngungkulan Runtah

- 2 Maret 2023, 20:00 WIB
Kodam III Siliwangi ngayakeun Rapat Pimpinan (Rapim) 2023, di Pantey Anyer, Provinsi Banten, Rebo, 1 Maret 2023.
Kodam III Siliwangi ngayakeun Rapat Pimpinan (Rapim) 2023, di Pantey Anyer, Provinsi Banten, Rebo, 1 Maret 2023. /Dok Pendam III Siliwangi/

GALURA-Tentara Nasional Angkatan Darat (TNI AD) miboga sababaraha program pikeun ngarojong pangwangunan hususna di daerah.

Eta teh enggoning paheuyeuk-heuyeuk jeung pamarentah daerah ngungkulan pasualan, diantarana ngungkulan pasualan runtah.

Ku kituna, Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, cumeluk sangkan Dandim di daerahna sewang-sewangan getapan nyosialisasikeun dina ngungkulan pasualan runtah.

Baca Juga: Rapat Pimpinan Kodam III Siliwangi, Maheutkeun Udagan Ngarojong Pangwangunan Nasional

Kodam III Siliwangi miboga mesin pengolah sampah keur ngolah runtah jadi briket jang bahan bakar.

"Paheutkeun rukun gawe, koordinasi jeung pamarentah daerah hususna dina sual ngungkulan runtah," " pokna.***

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x