Rapat Pimpinan Kodam III Siliwangi, Maheutkeun Udagan Ngarojong Pangwangunan Nasional

- 2 Maret 2023, 19:30 WIB
Kodam III Siliwangi ngayakeun Rapat Pimpinan (Rapim) 2023, di Pantey Anyer, Provinsi Banten, Rebo, 1 Maret 2023.
Kodam III Siliwangi ngayakeun Rapat Pimpinan (Rapim) 2023, di Pantey Anyer, Provinsi Banten, Rebo, 1 Maret 2023. /Dok Pendam III Siliwangi/

GALURA-Kodam III Siliwangi ngayakeun Rapat Pimpinan (Rapim) 2023, di Pantey Anyer, Provinsi Banten, Rebo, 1 Maret 2023.

Sulukna, "Prajurit Kodam III Siliwangi Patriot NKRI yang Profesional Siap Mendukung Pembangunan Nasional."

Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, diwakilan ku Kasdam III Siliwangi Brigjen TNI Agus Saepul, nyebutkeun eta suluk minangka lajuning laku tina Rapim TNI Polri jeung Rapim TNI AD, di Jakarta, sawatara waktu kaliwat.

Baca Juga: Pangdam III Siliwangi: FKPPI Kudu Mibanda Konsep nu Dilarapkeun Kalawan Nyata

Rapim dipiharep jadi forum sawala para pingpinan Kodam III Siliwangi ngeunaan kawijakan jeung hal sejenna tumali ngalakonan pancen gawe dina taun 2023.

"Dipiharep aya bongbolongan pirang-pirang pasualan, malar program taun 2023 bisa leuwih hade batan samemehna," ceuk Pangdam.

Baca Juga: Pangdam III Siliwangi Masrahkeun Waditra ka Siliwangi Band, Ngarojong Pelaksanaan Tugas Prajurit Ajendam

Sajaba ti Kitu, minangka sarana maheutkeun tekad, udagan, katut persepsi, tumali jeung program sarta gurat badag kawijakan pingpinan.

"Rapim minangka sarana maheutkeun tekad, udagan, katut persepsi, tumali jeung program sarta gurat badag kawijakan pingpinanCeuk Pangdam III Siliwangi, ngaliwatan video conference ti rohang Puskodalops Kodam III Siliwangi, Jl. Aceh, Kota Bandung.

Rapim Kodam III Siliwangi 2023  diluuhan  ku Irdam tur Kapoksahli, paraDanrem, Asrendam, paraAsisten, paraDansat tur Kabalak, paraDandim, sarta paraDanyon di lingkungan Kodam III Siliwangi. ***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah