Pangdam III Siliwangi Masrahkeun Waditra ka Siliwangi Band, Ngarojong Pelaksanaan Tugas Prajurit Ajendam

- 22 Februari 2023, 16:15 WIB
Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo masrahkeun waditra band ka Siliwangi Band, di Makodam III Siliwangi, Jln. Aceh, Kota Bandung, Salasa 21 Februari 2023/ Dok Pendam III/SLW
Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo masrahkeun waditra band ka Siliwangi Band, di Makodam III Siliwangi, Jln. Aceh, Kota Bandung, Salasa 21 Februari 2023/ Dok Pendam III/SLW /

GALURA - Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo masrahkeun waditra band ka Ajendam III Siliwangi di Lapangan Makodam III Siliwangi Jl. Aceh No. 69 Kota Bandung, Salasa, 21 Februari 2023.

Sabada acara gelaring Aplikasi Super Elektronik Tabungan Wajib Perumahan Angkatan Darat (ETWPAD), kalawan simbolis Pangdam III Siliwangi masrahkeun waditra pikeun Siliwangi Band nu ditampa ku Kaajendam III Siliwangi Kolonel Caj Yadi Nurfendi.

Anapon waditra band nu dipasrahkeun ku Pangdam III Siliwangi keur Siliwangi Band teh nyaeta 1 set Drum Elektrik Yamaha DTX6KX, 1 Pedal Drum Mapek P600, 1 korsi drum Harier GD2, 1 Gitar Elektrik Shecter C-6 plus, 1 Gitar Elektrik Cort CR200, 1 Bass Yamaha TRBX304MGR, 1 Keyboard KORG Kross2-61, saunit Ampli Gitar Boss KTN 100, saunit Ampli Keyboard Behringer KXD 12.

Baca Juga: Dijurung ku Hayang Jadi Wirausaha Taunan Milu jeung Dulurna, Anto Muka Usaha Ngaput Sorangan

Baca Juga: Pokdarwis Prabu Wangi Desa Winduraja Magelarkeun Seni Pertunjukan Damar Larung, 12 Maret 2023

Baca Juga: The Dream Team Persib Legend, Noron Dua kali Juara, Juara Perserikatan jeung Juara Ligina I

Oge masrahkeun 1 unit Ampli Bass Heryke HD 150, 1 unit Mixer Digital Behringer X32, 2 unit Mic Wireless JK kustik Ju 1300, 1 stand keyboard, 3 Strap gitar, 2 roll kabel canary, 40 nuetrick, sarta 8 Jack Akay.

Pamasrahan eta waditra band teh minangka wujud perhatian Kodam III Siliwangi ka satuan di jajaranana geusan ngarojong kana palaksanaan tugas.

Harita, Pangdam III Siliwangi cumeluk, malar eta waditra teh sing bisa dimangpaatkeun sahade-hadena, terus dipiara jeung dirawat ngarah awet kapakena.

Baca Juga: Ngaronda Bareng Warga, Inovasi Polres Majalengka keur Ngajaga Kamtibmas

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x