Taman Rekreasina teh Takesi, Lain di Jepang, tapi di Cisontrol, Ngaran nu Teu Nembongkeun Budaya Lokal

- 5 Maret 2023, 13:00 WIB
Wakil Bupati Ciamis ngaresmikeun taman rekreasi di Desa Cisontrol nu ngaranna henteu nembongkeun wawasan budaya lokal (foto: humas pemkab. Ciamis)
Wakil Bupati Ciamis ngaresmikeun taman rekreasi di Desa Cisontrol nu ngaranna henteu nembongkeun wawasan budaya lokal (foto: humas pemkab. Ciamis) /Nanang S/Galura

GALURA –Lain di Jepang ayana taman rekreasi Takesi teh. Tapi di Desa Cisontrol, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Ngaran Takesi henteu nembongkeun wawasan budya lokal, najan Takesi singgetan tina Taman Rekreasi dan Edukasi. Grand Opening Takesi diluuhan ku Wakil Bupati Ciamis, Yana D Putra (01/03/2023).

Wakil Bupati Ciamis miang ka Desa Cisontrol keur ngaluuhan Grand Opening Takesi nu tina jihad ngaran teu nembongkeun wawasan budaya lokal dijejeran ku Kadis Pariwisata jeung ku Kadis Pendidikan Kabupaten Ciamis (01/03/2023).

Wakil Bupati Ciamis waktu nepikeun pangbageana dina Grand Opening Takesi di Desa Cisontrol nyebutkeun maju henteuna hiji daerah gumantung kana karancagean pamingpinna: naha aya inovasi atawa henteu. Henteu nyabit ngeunaan ngaran Takesi nu henteu nyirikeun budaya lokal.

Baca Juga: Pikeun nu Kasalapan Kalina Kabupaten Ciamis Taun 2023 Ayeuna Dileler deui Hadiah Adipura

Ceuk Wakil Bupati Ciamis, Takesi teh wujud inovasi kepala desa saparakanca jeung masarakatana. “Takesi teh salian ti tempat rekreasi jeung edukasi oge keur leuwih ngaronjatkeun paekonomian masarakat," pokna.

Wabup Ciamis talatah dina ngembangkeun tempat rekreasi Takesi ulah ngandelkeun APBD, tapi ngajak gawe jeung parapangusaha sangkan ngawaragadan Takesi.

Kepala Desa Cisontrol, Waryono, nyebutkeun taman rekreasi Takesi dirojong ku sakumna pihak, kaasup Dinas Pariwisata Kabupaten Ciamis. Teu beda jeung hareupan Wakil Bupati Ciamis, inyana oge miharep Takesi bisa leuwih ngaronjatkeun peakonomian masarakat.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x