GALURA-Aya nyadap geutah tangkal pines di lahan Taman Nasional Gunung Ciremai (TNGC), hususna sabudeureun jalur pendakian Gunung Ciremai, Palutungan Desa Cisantana, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan.
Sajumlah pengelola objek wisata di Dusun Palutungan, ngarasa kaganggu ku ayana panyadapan geutah pines teh
Anu jadi pasualan, pedah lokasi tangkal pines anu disadap lebah jalur pendakian Gunung Ciremai, anu mangrupakeun zona pendidikan pencinta alam.
Baca Juga: Sababaraha Objek Wisata di Kuningan Rek Ditawarkeun ka Wisatawan Mancanagara
Ceuk Ketua Pengelola Pendakian Gunung Ciremai (PPGC) jalur Palutungan, Endun Abdulah, lokasi tangkal pines anu disadap teh minangka zona pendidikan pencinta alam.
Anu nampik ayana panyadapan teh ceuk Endun, di antarana wae pengelola Bumi Perkemahan Palutungan, Pendakian Gunung Ciremai (PPGC) jalur Palutungan, objek wisata Tenjolaut jeung Talaga Surian.
Ku ayana panyadapan geutah pines di lahan TNGC, sabudeureun Palutungan, ceuk Endun, kurang hade kana objek wisata.
"Margi Kitu, sim kuring bade ngumaha, supados objek wisata di Palutungan teu kaganggu ku ayana panyadapan,"
ceuk Endun.***