Sababaraha Objek Wisata di Kuningan Rek Ditawarkeun ka Wisatawan Mancanagara

- 28 Februari 2023, 21:04 WIB
Menteri Pariwisata dan Ekonomi Kreatif, Sandiaga Uno, ngadongdon objek wisata J & J, lelewek Desa Bojong, Kecamatan Cilimus, Kabupaten Kuningan, Salasa, (28/2/2023).*
Menteri Pariwisata dan Ekonomi Kreatif, Sandiaga Uno, ngadongdon objek wisata J & J, lelewek Desa Bojong, Kecamatan Cilimus, Kabupaten Kuningan, Salasa, (28/2/2023).* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Menteri Pariwisata dan Ekonomi Kreatif, Sandiaga Uno, ngarojong dina mekarkeun pariwisata hususna anu aya di Kabupaten Kuningan.

Sandiaga nyebutkeun, rek nawarkeun ka para wisatawan mancanagara sangkan daraek ngadongdon sababaraha objek wisata anu aya di Kabupaten Kuningan.

Baca Juga: Lamping Buligir, Potensi Wisata Nu Tacan Kapalire

“Urang tarekahan ngalangkungan paket perjalanan wisata. Seueur wisatawan anu kataji ku objek wisata sapertos anu aya di Kuningan," ceuk Sandiaga, basa ngadongdon objek wisata J & J, di lelewek Desa Bojong, Kecamatan Cilimus, Kabupaten Kuningan, Senen, (28/2/2023).

Baca Juga: Kedai Juanda, Dahareunna Mah Lumrah, Konsépna Nenggang Ti Nu Séjén

Ceuk Sandiaga, Kabupaten Kuningan mibanda potensi alam anu endah, kawas Gunung Ciremai, walungan, leuweung jeung potensi alam cai panas.

Wisatawan anu resep kana potensi wisata samodel Kitu teh. Maranehna hayang ningali leuweung alam primer, kawas walungan tea.

Patali kitu, dina prak-prskanna kudu luyu, nyindekel kana konservsi.

 


Konsep pariwisata kasebut, mangrupakeun konsep kudu Aya lajuninglsku kahareupna , pelaku utamana palaku wisata kreatif.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x