Kuatna Pangaruh Médsos, Kepala BEI Jabar: Investor Pasar Réréana Generasi Z

- 4 Maret 2023, 15:08 WIB
Kepala Bursa Efek Indonesia wilayah Jawa Barat, Reza Sadat Shahmeini babarengan dipotrét jeung Ketua PWI Jabar katut réngrénganana, basa silaturahmi ka Kantor PWI Jabar, Jalan Wartawan II Nomer 23, Kota Bandung, Jumaah (3/3/2023). *
Kepala Bursa Efek Indonesia wilayah Jawa Barat, Reza Sadat Shahmeini babarengan dipotrét jeung Ketua PWI Jabar katut réngrénganana, basa silaturahmi ka Kantor PWI Jabar, Jalan Wartawan II Nomer 23, Kota Bandung, Jumaah (3/3/2023). * /Dok. PWI Jabar /

GALURA - Dua taun ka béhdieunakeun, utamana mangsa sasalad (pandemi), masarakat Indonesia mingkin kataji pikeun investasi liwat pasar modal. Sabada pandemi, minat masarakat pikeun investasi liwat pasar modal ogé mingkin ngaronjat, boh di saham, ORI, sukuk, boh reksadana. Hélokna, tétéla anu ngadominasina téh generasi Z (Zilenial).

Dumasar data Bursa Efek Indonesia taun 2020, masarakat anu investasi liwat pasar modal (investor) ngahontal 2,4 juta jiwa. Réréana anu umurna saluhureun 40 taun. Ahir 2022, jumlah investor téh ronjat pisan tepi ka 4 kali tikeleun, nyaéta 10,5 juta, kalawan nilai transaksi Rp 14,7 triliun sapoéna.

Kepala Bursa Efek Indonesia (BEI) wilayah Jawa Barat, Reza Sadat Shahmeini, nyebutkeun, tina 10,5 juta investor téa, kira-kira aya kana 2,4 juta asalna ti Jawa Barat. Tina nu 2,4 juta investor éta, nilai transaksi sagemblengna salila taun 2022 téh ngahontal Rp 426 triliun.

”Hélokna, tina 2,4 juta investor téa, 40 persénna téh anu umurna antara 18-25 taun.  Lajeng umur 40 taun ka luhur 28 persén, 31-40 taun 22 persén, tur umur 26-30 taun seueurna 21 persén,” ceuk Reza, basa silaturahmi jeung pangurus PWI Jabar, di Kantor PWI Jabar, Jalan Wartawan II Nomer 23, Kota Bandung, Jumaah (3/3/2023).

Baca Juga: PWI Kota Metro Ngadongdon PWI Jawa Barat, Kataji ku Program UKW 1.000 Wartawan jeung Perumahan Wartawan

Reza ngadadarkeun, mingkin réana generasi Z nu investasi, henteu leupas tina kuatna informasi ngeunaan tips jeung trik meuli saham ti media sosial. Tangtu baé, ceuk Reza, pikabungaheun naker ku kituna mah.

“Tapi ieu téh justru janten tantangan kanggo BEI, kanggo maparin edukasi ka masarakat ngeunaan investasi anu aman, nyaman, tur legal. Margi, kedah diaku ogé, seueur masarakat anu ahirna katipu tur lepat investasi. Ahirna pan sanés ngahasilkeun artos, tapi kalah jadi ngahutang,” ceuk Reza Sadat.

Jeungna deui, cenah, pancén BEI di daérah téh salasahijina pikeun ngaedukasi warga ngeunaan investasi. ”BEI Jabar, salasahiji pancénna nyaéta maparin edukasi ka masarakat tumali sareng investasi nu aman, sarta ngarekomendasikeun saham-saham nu potensial dina ngainvestasikeun danana. Iwal ti éta, BEI ogé ngabantosan sarta nyarengan pausahaan-pausahaan nu memang aya minat kanggo IPO (intial public offering),” ceuk Reza deui.

Baca Juga: Pangdam III Siliwangi, Ngajak PWI Jawa Barat Milu Ngawedelan Katahanan Pangan

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x