Kuatna Pangaruh Médsos, Kepala BEI Jabar: Investor Pasar Réréana Generasi Z

- 4 Maret 2023, 15:08 WIB
Kepala Bursa Efek Indonesia wilayah Jawa Barat, Reza Sadat Shahmeini babarengan dipotrét jeung Ketua PWI Jabar katut réngrénganana, basa silaturahmi ka Kantor PWI Jabar, Jalan Wartawan II Nomer 23, Kota Bandung, Jumaah (3/3/2023). *
Kepala Bursa Efek Indonesia wilayah Jawa Barat, Reza Sadat Shahmeini babarengan dipotrét jeung Ketua PWI Jabar katut réngrénganana, basa silaturahmi ka Kantor PWI Jabar, Jalan Wartawan II Nomer 23, Kota Bandung, Jumaah (3/3/2023). * /Dok. PWI Jabar /

Rukun gawé

Aya sawatara tarékah nu geus disorang ku BEI Jabar pikeun ngaedukasi warga patali investasi. Sababaraha di antarana liwat program ”Galeri Investasi” nu aya di kampus-kampus jeung “Sekolah Pasar Modal”.

”Pikeun Galeri Investasi, ayeuna tos aya 60 nu sumebar di kampus-kampus di Jabar. Rarancangna, taun ieu BEI ogé bade ngawitan muka Galeri Investasi di lingkungan SMA/SMK, sapertos di SMKN 1 Kota Bandung, SMA Trinitas, sareng SMA Bina Bakti,” cenah.

Satuluyna Reza Sadat ngadadarkeun, BEI Jabar mibanda program ”Sekolah Pasar Modal” anu gratis pikeun masarakat umum. Ieu sakola téh teu béda jeung kursus singget nu lumangsung sapoé jeput, ti isuk-isuk tepi soré. ”Sakolana di kantor BEI Jabar, di Jalan PHH Mustapa 33, Kota Bandung. Jadwalna tiasa ditingal di akun instagram @idx_jawabarat. Engké tiasa langsung transaksi ogé ti ngawitan Rp 100 rébu,” cenah.

Baca Juga: Dina HPN 2023, IKWI Jabar Ngahadiran Silaturahmi Nasional pikeun Mantengkeun Kakulawargaan Pers Indonesia

Reza ngajéntrékeun, pikeun ngaedukasi masarakat téh bisa ogé disorang ku tarékah séjénna, nyaéta liwat media. Reza miharep, ku ayana rukun gawé jeung media, bisa leuwih nguatan informasi ngeunaan investasi nu aman, nyaman, tur legal.

Sajeroning kitu, ku ayana silaturahmi ti BEI Jabar téh, Ketua PWI Jabar Hilman Hidayat mungguh ngahiap tur ngabagéakeun. PWI Jabar gé siap sadia rukun gawé jeung BEI Jabar dina ngaedukasi masarakat, utamana di Jabar, tumali jeung investasi nu aman, nyaman, legal, tur nguntungkeun.

”Tiasa dikawitan ku sharing session heula ti BEI Jabar sareng para wartawan. Ku cara kitu, para wartawan gé paham kana naon nu baris diseratna engké dugi ka tiasa ngaedukasi masarakat perkawis investasi,” ceuk Hilman Hidayat.***

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah