Pangajen Menhan Kana Inovasi Teknologi Kodam Siliwangi

- 15 Maret 2023, 20:00 WIB
Menhan Prabowo Subianto dijejeran ku Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, waktu ngaroris inovasi teknologi terapan karya prajurit Kodam III Siliwangi, Salasa, 14 Maret 2023.
Menhan Prabowo Subianto dijejeran ku Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, waktu ngaroris inovasi teknologi terapan karya prajurit Kodam III Siliwangi, Salasa, 14 Maret 2023. /Pendam III Siliwangi/

GALURA - Inovasi Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo dina inovasi teknologi terapan meunang pangajen atawa apresiasi ti Menteri Pertahanan (Menhan) Prabowo Subianto.

Eta inovasi teknologi terapan beunang prajurit Kodam III Siliwangi dina wangun pupuk BIOS 44 DC teh bakal dimekarkeun ku Kemenhan pikeun ngungkulan pasualan tatanen.

Pangajen ti Menhan Prabowo Subianto teh ditepikeun waktu manehna mere pangarahan ka 2.000 Babinsa Kodam III Siliwangi di Soedirman Grand Ballroom Jl. Jenderal Sudirman, Kota Bandung, Salasa, 14 Maret 2023.B

aca Juga: Pangdam III Siliwangi: Paheutkeun Rukun Gawe Dina Sual Ngungkulan Runtah

Harita, kalawan langsung Menhan nitenan inovasi teknologi terapan karya prajurit Kodam III Siliwangi geusan ngungkulan pasualan tatanen, saperti pupuk, cai beresih, katut pangolahan limbah.

Ceuk Menhan, ku ayana inovasi teknologi pupuk BIOS 44 DC, copelna bisa ngungkulan bangbaluh patani, hususon perkara pupuk.

"Kiwari bisa mroduksi pupuk-pupuk BIOS 44 kalawan media bakteri mikroba nu efisien jeung produktif, murah ongkoh. Ieu mungguh pikareueuseun," pokna.

Laju Menhan Prabowo ngebrehkeun rarancangna, baris nguji eta pupuk BIOS 44 DC dina lahan 20 hektar di sababaraha daerah.

Mun bukti hasilna hade, bakal didadarkeun ka Presiden, Menteri Pertanian, oge ka Menristek.

Dina eta acara ge Menhan masrahkeun 100 motor trail 100 ka Babinsa. 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x