Sajeroning kitu, sual proses nyieun tahu, manehna ngeceskeun, dimimitian ku ngumbah jeung ngeueum kedele. Laju digodod, disaring tur dicitak, tepi ka dikeureutna.
Warna tahu make koneng. Lian ti make suluh keur pameuleumanana, sababaraha tungku katel jangeun ngagodog tea make mesin uap nu ngahasilkeun panas.
Unggal poe, produksina mimiti tabuh 03.00, rengse kira tabuh 14.00. Laju tabuh 20.00 dipasarkeun ka pasar-pasar nu geus jadi langgananana.
Pabrik Tahu “Mekar Jaya” teh ngadeg taun 1990. Wahid miharep malar pamarentah geura-geura ngungkulan mahalna harga kedele.
“Sabab kedele teh minangka bahan baku utama industri pangolahan tahu. Mun bisa mah harga kedele teh Rp10 rebu sakilona atawa handapeun eta. Salila ieu kuring ukur bisa bertahan. Duka enjing pageto mah,” pokna.***