Prabu Aji Putih, Raja Karajaan Tembong Agung Cikal Bakal Karajaan Sumedang Larang, Saulas Catetanna

- 15 Februari 2023, 16:30 WIB
Situs makam keramat Prabu Aji Putih di Cipaku Darmaraja, Kabupaten Sumedang sateuacan kakeueum/istimewa
Situs makam keramat Prabu Aji Putih di Cipaku Darmaraja, Kabupaten Sumedang sateuacan kakeueum/istimewa /

GALURA - Kiwari, di Sumedang, ecesna di Dusun Cilembu Desa Pakualam, Kacamatan Darnaraja, Sumdang, keur diadegkeun gerbang patapaan Prabu Aji Putih.

Eta gerbang patapaan Prabu Aji Putih teh diadegkeunana pas di sisieun pisan basisir Jatigede, Sumedang.

Sabada eta gerbang patapaan rengse, nu biasa jarah ka makam Prabu Aji Putih nu ayeuna kakeueum ku Jatigede, bakal boga tempat "silaturahmi" ka Prabu Aji Putih.

Baca Juga: Saulas Banda Pusaka Bupati Sumedang nu Dirumat jeung Dipusti-pusti di Museum Prabu Geusan Ulun

Baca Juga: Mun Keur Ngibing dina Tarawangsa Rancakalong Sumedang Kasarumahan Tandaning Karuhun Datang, Kudu Bungah

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

Cenah, diadegkeunna gerbang patapaan Prabu Aji Putih teh keur nyumponan ahli jarah ka Prabu Aji Putih nu hayang boga tempat khusus keur jarah.

 

Guru Aji Putih

Teu mencog, ari urang Sumedang mah, geus moal bireuk deui ka Prabu Aji Putih teh. Tapi ari nu luar mah, kawasna moal pati apal, iwal nu sok maca sajarah.

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Nya saha ari inyana?

Aya sababaraha versi ngeunaan Guru Aji Putih teh. Ngan ari nu dicepeng jeung dipercaya pisan ku urang Sumedang mah, inyana teh raja munggaran Karajaan Tembong Agung, cikal bakal Karajaan Sumedanglarang.

Engkena, ti Prabu Aji Putih, lahir Prabu Tajimalela atawa Batara Tungtang Buana nu ngadegkeun nagara Sumedanglarang -- tur ngagelarkeun istilah Sumedang, tina “Insun medal; insun madangan” nu hartina “kaula bijil, kaula nyaangan.”

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

Nurutkeun katerangan, Prabu Aji Putih (sok disebut oge Prabu Guru Aji Putih), ngadegkeun Karajaan Tembong Agungna taun 678 M. Ngadegkeunana di Citembong Girang Kecamatan Ganeas Sumedang, tapi terus pindah ka kampung Muhara Desa Leuwi Hideung Kecamatan Darmaraja.

Beh dituna, cek sakaol, Prabu Aji Putih teh minangka putra Bimaraksa atawa Ratu Komara turunan ti Wretikandayun Karajaan Galuh.

Dicaritakeun, hiji resi turunan Galuh bumen-bumen di sisieun walunhan Cimanuk wewengkon Cipaku, Kacamatan Darmaraja. Ngan cek sakaol deui, eta resi teh nganjrek di Citembong Girang Kacamatan Ganeas, Sumedang, terus pindah ka Kampung Muhara Desa Leuwihideung Kacamatan Darmaraja.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Ari nu disebat resi nyaeta Prabu Aji Putih tea, putrana Ratu Komara ti Karajaan Galuh, Ciamis.

Cek versi sejen, Guru Aji Putih teh katelah oge Prabu Haji Putih, nandakeun yen inyana kantos ngalakonan ibadah haji. Ieu versi dipercaya oge ku warga Sumedang, yen inyana memang kantos ziarah ka Mekah.

Memang aya nu masualkeun sesebutan haji teh. Alesanna, Islam resmi jadi ageman panguasa Sumedang jeung sawareh warga Sumedang teh karek ti taun 1529 M. Tapi rea nu percaya, Guru Aji Putih memang kantos ziarah ka Mekah dina mangsa jumeneng raja di Karajaan Tembong Agung.

Baca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik

Sabada nikah jeung Dewi Nawang Wulang (Ratna Inten), Prabu Guru Aji Putih teh ngagubragkeun katurunan opatan nyaeta Batara Kusuma atawa Batara Tungtang Buana (Prabu Tajimalela), Sakawayana (Aji Saka), Haris Darma jeung Jagat Buana (Langlang Buana).

Nu neruskeun tapak Prabu Guru Aji putih jadi raja nyaeta Prabu Tajamelala anu ngadegkeun Karajaan Sumedanglarang jeung ngajurukeun raja Sumedang, Prabu Geusan Ulun.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x