Prabu Aji Putih, Raja Karajaan Tembong Agung Cikal Bakal Karajaan Sumedang Larang, Saulas Catetanna

- 15 Februari 2023, 16:30 WIB
Situs makam keramat Prabu Aji Putih di Cipaku Darmaraja, Kabupaten Sumedang sateuacan kakeueum/istimewa
Situs makam keramat Prabu Aji Putih di Cipaku Darmaraja, Kabupaten Sumedang sateuacan kakeueum/istimewa /

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Nya saha ari inyana?

Aya sababaraha versi ngeunaan Guru Aji Putih teh. Ngan ari nu dicepeng jeung dipercaya pisan ku urang Sumedang mah, inyana teh raja munggaran Karajaan Tembong Agung, cikal bakal Karajaan Sumedanglarang.

Engkena, ti Prabu Aji Putih, lahir Prabu Tajimalela atawa Batara Tungtang Buana nu ngadegkeun nagara Sumedanglarang -- tur ngagelarkeun istilah Sumedang, tina “Insun medal; insun madangan” nu hartina “kaula bijil, kaula nyaangan.”

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

Nurutkeun katerangan, Prabu Aji Putih (sok disebut oge Prabu Guru Aji Putih), ngadegkeun Karajaan Tembong Agungna taun 678 M. Ngadegkeunana di Citembong Girang Kecamatan Ganeas Sumedang, tapi terus pindah ka kampung Muhara Desa Leuwi Hideung Kecamatan Darmaraja.

Beh dituna, cek sakaol, Prabu Aji Putih teh minangka putra Bimaraksa atawa Ratu Komara turunan ti Wretikandayun Karajaan Galuh.

Dicaritakeun, hiji resi turunan Galuh bumen-bumen di sisieun walunhan Cimanuk wewengkon Cipaku, Kacamatan Darmaraja. Ngan cek sakaol deui, eta resi teh nganjrek di Citembong Girang Kacamatan Ganeas, Sumedang, terus pindah ka Kampung Muhara Desa Leuwihideung Kacamatan Darmaraja.

Baca Juga: Talang Irigasi Titinggal Walanda di Sumedang, Dipake Keneh Meuntas ku Warga

Ari nu disebat resi nyaeta Prabu Aji Putih tea, putrana Ratu Komara ti Karajaan Galuh, Ciamis.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x