Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

- 31 Januari 2023, 11:30 WIB
Rawayan di Kanekes (Baduy). Masarakat Kanekes ngajalankeun konsep tri tangtu dina ngatur hirup kumbuhna. (Foto: Dinas Pariwisata Banten).*
Rawayan di Kanekes (Baduy). Masarakat Kanekes ngajalankeun konsep tri tangtu dina ngatur hirup kumbuhna. (Foto: Dinas Pariwisata Banten).* /

GALURA Dina naskah Amanat Galunggung (kro¬pak 632) jeung Sanghyang Siksa Kandang Karesian (kropak 630), ceuk Otong, salasaurang tokoh Sunda, kapanggih konsép nu disebut tri tangtu (tilu kalungguhan).

“Konsep tri tangtu nu kaunggel dina Amanat Galunggung jeung Sanghyang Siksa Kandang Karesian lain aya di Sunda wungkul, tapi ogé di sélér bang¬sa séjén, ma¬lah geus dipika¬wanoh rébuan taun ka tukang, “ceuk Otong.

Otong nyontokeun tri tangtu nu dipimaksud dina Amanat Galunggung jeung Sanghyang Siksa Kandang Karesian, dina agama Hindu dipikawanoh Tri murti (tilu dewa utama): Wisnu, Siwa, jeung Brahma.

Baca Juga: Baheula alam Tatar Sunda Mere kahirupan jeung Huripna, Ayeuna...

Dina agama Katolik aya nu disebut Trinitas (Roh Kudus, Tuhan Ibu, jeung Tuhan Bapa). “Dina ajaran Islam soal konsép ‘tilu’ oge aya, dina Al Baqarah disebutkeun alif, lam, jeung mim, ngan tepi ka ayeuna tacan kapésék maksudna,” ceuk Otong.

Pamikiran-pamikiran holna tina filsafat ogé ngeunaan tri tangtu teh mucunghul. Plato (taun 427 Sememeh Masehi) dina bukuna Politea nyebutkeun nagara nu idéal teh nagara nu disusun ku tilu golongan; pamingpin (nu kudu rasional jeung wijaksana), tentara (nu wanian), jeung patani katut patukangan (ékonomi).

Mantesquieu ogé ngasongkeun pamikiranana ngeunaan wangun nagara teh nyoko ka tri tangtu, anu disebut Trias Politica, kakawasaan nagara téh dicekel ku législatif, yudikatif, jeung éksékutif.

Ayeuna Trias Politika dipaké ku nagara-nagara nu ngaku nganut démokrasi. “Jadi luluhur urang téh teu éléh dina ngasongkeun pamikiran ngeunaan nagara,” ceuk Otong.

Baca Juga: Pranatamangsa Sunda, Usum Hujan Panen Suung Cirina Siraru Rabeng

Dina Amanat Galunggung disebutkeun jagat daranan di sang rama, jagat kreta di sang resi, jagat palangka di sang prabu: Kamakmuran tanggung jawab sang rama, karaharjaan tanggung jawab sang resi, pamaréntahan tanggung jawab sang prabu (ratu).

“Tri tangtu tarjamaahan tina 3 unsur: pangéran, alam, jeung manusa,” ceuk Otong. Konsep tri tangtu, ceuk Otong, teu kawas Trias Politica, lain babagi kakawasaan, tapi babagi tugas énggoning ngolah nagara sangkan masarakatna aman tengtrem teu kurang sandang pangan jeung papan.

“Di masarakat Kénékés (Baduy), tri tangtu masih keneh dipake, Puun Cibeo, Cikeusik, jeung Puun Cikertawana tugasna béda,” ceuk Otong.

Sanghyang Siksa Kandang Karesian mere papagon lamun manusa hayang hirupna raharja kudu kuat kawas raja, ucap kudu kawas rama, budi (sipat) kudu kawas resi.

Baca Juga: Bedana Hujan dina Pabaru Masehi jeung dina Pabaru Cina, ieu mah Baheula

Konsep tri tangtu di bumi téh nu neguhkeun (pineguh) dunya. Dina pamaréntahan, rama, resi, jeung prabu disebutna triwarga di lamba, tilu golongan kahirupan (nagara).

Kaayaan nagara bisa kuat, unggal lapisan masarakat, kaasup rama, resi, jeung raja ngéstokeun tugas jeung pancénna séwang-séwangan.

“Anu jadi rama, resi, jeung prabu henteu ngan ukur di pusat, tapi ogé aya di wewengkon masarakat nu leutik, upamana di désa, nu kalungguhanana rama, resi, jeung prabu téh aya,” ceuk Otong.

Naha konsép kahirupan jeung nagara nu diasongkeun ku karuhun Sunda bieu bisa diterapkeun dina pajamanan kiwari jeung jaga?

“Bisa diterapkeun, komo mun nengetan kaayaan nagara, kaayaan dunya saperti ayeuna. Apan ceuk karuhun urang ogé teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, tunda alaeun jaga,” tembal Otong. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x