Kalender Sunda, Lain Kalender Klenik, Tapi Dumasar Itungan Matematis

- 27 Januari 2023, 09:30 WIB
/Teh Mira keur nembongkeun Kalender Sunda taun 1959 Caka, Kelender Suna lain kalender klenik, tapi dumasar itungan matematika. /

GALURA Taun anyar dina Kalender Sunda, teh tanggal 1 Suklapaksa (Paro Caang) Kartika. Taun ayeuna dumasar kana kala Sunda taun 1959 Saka.

"Mun leukeun diitung mah Kalender Sunda saenyana leuwih ti 1959 taun. Sunda, budayana, dumasar arkeologi geus aya leuwih ti 100.000 taun," ceuk Roza Mintareja, nu ti bareto tepi ka ayeuna satekah polah ngajaulkeun Kalender Sunda.

Ceuk Kang Oca, nenehna Roza Mintareja, lain rek pakolot-kolot supa nyebutkeun Kalender Sunda umurna geus lila pisan teh.

"Tengetan sing daria; anu dumuk di basisir talaga Bandung  purwa, kira-kira 125.000 taun SM (Samemeh Masehi, Sebelum Masehi) geus mikawanoh budaya cor logam (metalurgi) keur ruruhit tumbak atawa panah. Jadi Kalender Sunda geus lila pisan," pokna.

Baca Juga: Putri Anjungsari (9)

Ceuk Kang Oca, bandingkeun jeung jaman megalitikum nu karek mucunghul kurang leuwih 5000-10.000 taun  SM. "Bisa jadi Sunda teh sajaman jeung Benua Atlantis nu geus carem (the lost continental)," pokna.

Kang Oca nyebutkeun ceuk panalungtikan arkeolog Amerika Selatan, Prof. Arysio Nunes dos Santos, Benua Atlantis teh perenahna di Laut Jawa ayeuna.

"Plato, pilsuf Yunani nyebutkeun di Benua Atlantis kungsi hirup bangsa Lemuria. Geura, apan Lemuria teh bisa dihartikeun lembur dia," pokna.  

Ayeuna mah urang ngorakeun bae Sunda teh kakara  2000 taun. Agul ku payung butut? Butut teh identik jeung buhun, antik, tapi urang Sunda mah teu nyaho boga payung-payung acan.

"Kumaha rek ngaguar jati diri atuh? Teu aneh, anu rea kacaritakeun kiwari  ukur dongeng Ki Mas Tanu nu pajar giruk ka Kumpeni," ceuk Kang Oca.

Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

Ku sabab no document, no history tea, jadi nu digugulung ku paraahli teh, ceuk Kang Oca, data nu aya jeung dianggap soheh keur ukuran ayeuna. Nu sejenna mah, dicap legenda, bari teu neuleuman sosio historisna.

Sajarah nu dipikawanoh ku masarakat teh ukur dianggap dongeng wungkul. Siliwangi wae apan aya di euweuhna jeung euweuh di ayana.

"Sunda, Siliwangi, Padjadjaran cukup dihaleuangkeun  kahirupanana ku juru pantun. Pangbeberah manah, pikeun nyoraeng ka tukang (romantisme, ceuk Kang Cece Padmadinata mah)," ceuk Kang Oca. 

"Tarima. Raga wayahna kiwari urang Sunda  keur ngancik di nagri deungeun: padika (metode) deungeun, pola pikir deungeun, sistem deungeun," ceuk Kang Oca deui.

Baca Juga: Kembaranana Aya di Surabaya Gedong Saté Teu Bisa Dijadikeun Model Arsitektur Sunda

Kang Oca nyebutkeun budaya Sunda mah dianggap cukup ku kasenian, basa, kuliner, kaulinan barudak jeung babasan wungkul. Teu pantes jeung teu payus mun urang Sunda ngagugulung widang sejen: elmu pangaweruh.

"Ku sabab elmu canggih mah anu bangsa deungeun, tong pipilueun, tuturkeun wae. Beu, ku primitif-primitif teuing urang Sunda teh," ceuk Kang Oca.

Ngadenge “ramalan” paraastronom sadunya komet Halley bakal ngadeukeutan Bumi deui taun 2062, urang Sunda mah ukur colohok.

"Boga kasakten naon paraastronom teh make bisa noong ka jaman ka hareup? Naha eta teh klenik atawa uga? Boa-boa parastronom teh meuleum menyan nu hargana Rp25 juta heula bisa ngaluarkeun uga kitu teh?" pokna.

Baca Juga: Kiwari Dibaekeun, Konservasi Alam ku Karuhun Sunda Dipentingkeun pisan

Ramalan astronom teh senyana dumasar itungan matematika. Ku ngagunakeun matematika bisa diprediksi kumaha kaayaan sabeudeureun alam semesta, ngeunaan planet, bentang jeung galaksi sejenna.

Ku itungan matematis oge urang bisa ngira-ngira kajadian nu bakal datang. Nu Maha Kawasa nyiptakeun alam jeung pangeusina dibarung ku sistimna.

"Naha ari urang Sunda balilu kitu dina matematika? Abah Ali Sastraamidjaja nu nguniangkeun deui Kalender Sunda ngabuktikeun urang Sunda saenyana pinunjul dina matematika astronomi," ceuk Kang Oca.

Pananggalan atawa Kalender Sunda anu diguar deui ku Abah Ali, ceuk Kang Oca, tingkat akurasina 138 kali  batan pananggalan Masehi nu ku urang dipake sapopoe ayeuna.

Baca Juga: Maluruh Datangna Urang Tionghoa ka Nusantara, Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah di Nusantara

Tim Kala Sunda dina unggal mapag atawa ngabageakeun  taun anyar netepkeun jejer atawa tema nu beda-beda.

Pabaru Sunda, ceuk Teh Mira ti tim kala Sunda, kudu leuwih ngajomantara aweuhanana, jadi bekel jeung jadi obor lengkah urang dina jaman milenial keur ngaharmoniskeun hirup jeung kahirupan.

“Jaman robah, manusa Sunda kudu bisa ngigelkeun jaman, lain saukur ngigelan jaman,” pokna.

Teh Mira nyebutkeun lamun geus wayah (geus datang waktuna), nya wayahna (kudu naek narima jeung mampu ngigelkeunana atawa nyurahanana). Lamun ninggang di wayah, tong sagawayah.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

“Entong miheulan wayah, tapi tong kapiheulaan ku wayah. Urang kudu tetep bareng jeung wayah,”pokna.

Najan kitu aya nu kudu tetep dicekel pageuh: hirup jeung alam, ngahiji jeung alam. Urang alus ka alam, alam oge alus ka urang. Urang teu hade ka alam, alam oge teu hade ka urang.

“Kalender Sunda nembongkeun manusa téh ngahiji jeung alam, harmonis jeung alam, nungtun manusa sangkan ngarti ka alam,” ceuk Teh Mira.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x