PUTRI Anjungsari mah kawasna teu engeuheun telik sandi Cirebon nu keur ngintip lalumpatan sarieuneun ku maung lodaya nu sakitu badagna.
“Sato mah tara poho ka nu nyieun kahadean, najan maung kasebut sato galak,” ceuk Putri Anjungsari bari ingeteun ka urang Cirebon nu misahkeun Cirebon ti Pajajaran. Padahal Cirebon diadegkeun ku rundayan Pajajaran, malah Cirebon dijieun karajaan oge ku Pajajaran.
“Galak soteh ka sato hakaneunana,” ceuk eta lalaki.
Putri Anjungsari ngalieuk ka lalaki nu ayeuna mah diuk dina akar tangkal. Paadu teuteup sakeudeung, tapi eta lalaki teu kuateun nandean sorot panon Putri Anjungsari nu ceuk rasana ngaleuwihan mata si Belang.
“Daria teh rek ka marana,” ceuk eta lalaki bari mencrong Olot Kaya nu nagog deukeut Bena, Ranah jeung Rait.
“Kami rek Kawali,” tembal Olot Kaya. “Jauh keneh?”
“Ari keur kula mah jauh,” tembal eta lalaki.
“Ari keur kami,” ceuk Olot Kaya bari rada seuri, kagugu ku jawaban eta lalaki.
“Keur daria mah geus deukeut. Paling dua poean kurang,” tembal eta lalaki. Leungeunna ngusapan buntuk Si Belang.