Si Belang oge nu tadina depa milu cengkat. Basa eta lalaki leumpang rek nyokot lodong, si Belang nuturkeun tukangeunana. Lodong ku eta lalaki dicokot, dialak-ilik terus talina disorendangkeun deui kana taktak.
“Kula nyokot heula sadapan,” ceuk eta lalaki.
“Seug,” tembal Olot Kaya.
Eta lalaki leumpang mapay jalan satapak ka jero pakebonan nu rembet ku kakayon, Si Belang ngicklik nuturkeun. Ku eta lalaki dilieukan, meureun hariwangeun Si Belang nekuk ti tukang. Tapi Si Belang teu nembongkeun galagat nu teu hade, leumpagna oge ngalenghoy, bangun nu teu nangan.
“Maung bisa apet kitu, padahal arang panggih,” ceuk Olot Kaya, sorana ngagerendeng.
“Moal kitu engke di leuweung lalaki bieu ditekuk ku Si Belang,” ceuk Ranah bangun hariwang.
Bena, Rait jeung Olot Kaya papelong-pelong. Karek kapikireun, ngaranna sato galak, bisa robah sawaktu-waktu. Malah dina sakedetra netra robahna teh.
“Tuturkeun, Ki?” ceuk Bena ka Olot Kaya.
“Jung ka dituh duaan jeung Rait,” tembal Olot Kaya.
Rek sajungjungeun pisan Bena jeung Rait indit, kadenge lapat-lapat nu ngagerem ti lebah inditna lalaki tadi. Olot Kaya, Bena jeung Rait, kitu deui Putri Anjungsari katut Ranah, ngaranjug. Hatena geus goreng sangka.