“Pedah kami tumpak kuda?” ceuk Olot Kaya nanya deui.
“Enya. Ari kami mah mun seug rek ka Kawali teh leumpang, leumpang biasa.”
“Aya kitu nu teu leumpang biasa?”
“Anyar keneh nu lumpat bebelesatan, tiluan, sukuna siga nu henteu napak dina lemah,” tembal eta lalaki.
“Saha?”
“Nu matak teu atra saha-sahana. Ka kulonkeun. Kula harita keur di luhur tangkal kawung, keur nyadap.”
“Aeh, ayeuna dia lain rek nyadap? Mawa lodong kosong?”
Barang ngadenge patalekan Olot Kaya, eta lalaki bangun anu kaingetan.
“Aeh, enya, nya. Tuda ieu Si Belang ngareureuwas,” pokna. Panonna rarat-reret neangan lodong. Teu jauh lodongna teh, ngagoler handapeun tangkal lame nu leutik keneh.
“Boa geus leber legennna, ongkoh miangna kaburitan,” ceuk eta lalaki bari nguniang cengkat.