Putri Anjungsari (71), Ranah Teu Genah Cicing Lantaran tacan Bisa Marengan deui Dununganana

- 30 Maret 2023, 02:30 WIB
Salahsahiji patilasan Prabu Siliwangi di Desa Cupunagara, Kecamatak Cisalak, Kabupaten Subang.
Salahsahiji patilasan Prabu Siliwangi di Desa Cupunagara, Kecamatak Cisalak, Kabupaten Subang. /Nanang S/Galura

Eta lalaki teu nembal. Kalah ka merong ka Olot Kaya.

“Kami ngulon deui,” pokna bari ngenyed tali eles kudana. Beretek lumpat, dituturkeun ku baturna.

“Lot, boa-boa nanyakeun Putri?” ceuk Ranah.

“Kami oge mikir kitu,” tembal Olot Kaya.”Kami hariwang pasarandog jeung Putri. Heg maranehna boga niat teu hade.”

“Tuda Olot make misahkeun maneh,” ceuk Ranah rada mangloh.

“Kapaksa, di pameuntasan Citarum, loba perjurit Carbon nu rek ngajugjug ka kulon. Ngabring limaan matak curigaeun, najan tacan tangtu maranehna weruhan urang ti Kulon. Tapi mun nempo kuda nu ditumpakan ku kami, perjurit Cirebon pasti nyangkaeun urang lain somahan, lain tukang balantik.”

“Enya kituna mah,” ceuk Ranah. “Tapi, Lot, nu limaan tadi bisa jadi nanyakeun nu tiluan nu kungsi bareng jeung urang. Kapan sanggeus jauh ti warung mah nu tiluan bebeja rek nyimpang heula ka imah sobatna.”

“Heu-euh, nya, bisa jadi kitu,” tembal Olot Kaya bari seuri. “Mani atoheun pisan waktu ku urang dibahanan duit. Nganuhunkeunana oge sabaraha kali.”

“Bongan maranehna, talobeh, koja make murag bari teu kanyahoan,” ceuk Ranah bari ingetanana balik deui  waktu tas meuntas  Citarum, tengah peuting. Rada jauh ti Citarum, panggih jeung nu tiluan, lalaki duaan jeung awewe saurang dina kudana sewang-sewangan, keur eureun sisi jalan bari paromanana baringungeun.

Ku Olot Kaya ditanya, balaka. Maranehna rek ka wewengkon Sumedanglarang, koja tempat neundeun duit murag, teuing di mana. Anu mawana tumpak kudana bari lelenggutan. Kanyahoan-kanyahoan geus lila, dipapay tepi ka pameuntasan Citarum, henteu kapanggih. Ku Olot Kaya diajak lalampahan bareng.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x