“Ki Silah, andika geus lila di dieu?” ceuk saurang lalaki nu sigana pangkolotna, kawasna mah pupuhuna.
“Tacan pati lila,” tembal Olot Kaya.
“Teu nempo nu ngaliwat ka dieu? Cawene saurang, lalaki duaan.
“Sabot kami di dieu, taya nu liwat saurang-urang acaan, kajaba arandika,” tembal Olot Kaya.
Anu nanya ngalieuk ka baturna.
“Naha tacan jebul wae?” pokna siga nu melangeun. “Ceuk itungan mah kudu geus laliwat.”
“Ari kitu saha nu ngaliwat teh?” ceuk Olot Kaya panasaraneun.
“Baraya kami,” tembalna pondok.
“Rek nyemah?” Olot Kaya nanya deui.