Putri Anjungsari (71), Ranah Teu Genah Cicing Lantaran tacan Bisa Marengan deui Dununganana

- 30 Maret 2023, 02:30 WIB
Salahsahiji patilasan Prabu Siliwangi di Desa Cupunagara, Kecamatak Cisalak, Kabupaten Subang.
Salahsahiji patilasan Prabu Siliwangi di Desa Cupunagara, Kecamatak Cisalak, Kabupaten Subang. /Nanang S/Galura

 “LOT, ari kami bisa marengan deui putri iraha? Kami teu genah, kami ditugaskeun ku Perebu ngariksa inyana,” ceuk Ranah ka Olot Kaya basa keur reureuh handapeun tangkal badag sisi jalan.

“Moal lila deui, kawasna,” tembal Olot Kaya. Leungeun katuhuna ngodokan endongna, siga aya nu diteangan.

“Ari ayeuna putri di mana?”

“Montong hariwang, dunungan dia waluya.”

“Weruh ti mana?”

“Kami yakin, putri, Bena jeung Rait teu manggih haling-harungan. Urang Sumedanglarang angger ngait ka Sunda, ka Galuh, najan Sumedanglarang dikawasa ku turunan Carbon.”

“Nya, muga wae bener kitu. Kami mah tetep teu ngeunah cicing.”

Olot Kaya ujug-ujug nangtung, pedah ti wetan kadenge sora kuda tingberetek ngadeukeutan. Enya wae katempo kuda, lima, ditegarkeun, anu tumpakna mani ngadepong-depong wae. Siga aya nu diudag atawa siga aya nungudag. Olot Kaya jeung Ranah nyisi, sieunan kadupak kuda nu keur lumpat sakitu tarikna.

Beuki deukeut ka lebah Olot Kaya, kuda teh lumpatna ngurangan. Barang ngaliwat ka lebah Olot Kaya, kudana digentakeun sina eureun. Anu tarumpakna merong ka Olot Kaya jeung ka Ranah. Olot Kaya jeung Ranah teu wanieun nadah pamerong limaanana. Olot Kaya jeung Ranah arembungeun riributan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x