Carnyam Sunda Putri Anjungsari (64), Urang Pajajaran nu Tikelebuh di Citarum teh Salamet

- 23 Maret 2023, 02:30 WIB
Watu Gilang tempat diistrenana raja-raja Pajajaran.  Ku pasukan Banten nu ngaranjah jeung ngahuru Pakuan Pajajaran, Watu Gilang dibawa ka Banten. DItreundeun di komplek Karaton Surosowan.
Watu Gilang tempat diistrenana raja-raja Pajajaran. Ku pasukan Banten nu ngaranjah jeung ngahuru Pakuan Pajajaran, Watu Gilang dibawa ka Banten. DItreundeun di komplek Karaton Surosowan. /Nanang S/Galura

 

PUTRI Anjungsari ngalungsar handapeun saung ranggon. Tonggongna nyarande kana tihang, ari diukna ditilaman ku kaen nu dipake simbut. Lalampahan ti patilasan Citarum, meuntas Cimanuk, tepi ka dinya matak lunges. Katambah deui, waktu meuntas Ci Tarum kapaksa kudu malikkeun parahu sangkan ti kecebur.

Sanggeus ti kecebur, terus ngojay bari teuleum. Hanjat pakeanana jibreg, baraseuh. Atuh ngahodhod, tepi ka noroktok. Teu lila ngarongheap nu mapagkeun, awewe, duaan. Putri Anjungsari dibawa ka guha deukeut patilasan. Di dinya geus nyampak pakean beresih, kadaharan jeung cihaneut keur nginum. 

Sanggeus ganti pakean, geus nginum cihaneut jeung geus barangdahar,  teu pati tiris teuing. Ongkoh deui diharudum, teu sirikna dibakutet, ti mimiti sirah tepi ka dampal suku. Putri Anjungsari satuluyna sare nyarande kana gawir. Dituguran ku nu mapagkeun, henteu milu sare. Rebun-rebun keneh, Putri Anjungsari geus dihudangkeun.

Tiluanana kaluar ti guha, sarta ting belesat lumpat ka beula kaler, semu ngulon. Mapay sisi leuweung gerotan tonggoheun patilasan nu arang ka saba ku jalma. Teu lila anjog ka hiji imah nu nenggang pisan, pakaranganana lega sarta dikurilingan ku haur gereng. Jalma saliwat mah moal nyangka di dinya aya imah.

Arasupna ti panto hareup. Di dapur nyampak lalaki tiluan, ngariung hawu nu seuneuna tinggal ruhayna, dariuk dina jojodog. Tapi panasna masih keneh ngaheab. Ngadenge aya nu asup, nu saurang nguniang, terus nyampeurkeun. Putri Anjungsari dipernahkeun di kamar, sina reureuh deui. Ari awewe nu duaan dariuk di patengahan.

Geus kitu nyampeurkeun deui baturna nu masih dariuk hareupeun hawu.

“Aya saha?” ceuk Bena.

“Bojo jeung adi kula,” tembal eta lalaki.

“Ari peuting ka marana?” Rait milu nanya.

“Mapagkeun.”

“Mapagkeun semah? Geuning peuting datangna? Mapagkeunana ka mana?”

“Ka patilasan di sisi Citarum.”

“Baruk? Naha teu panggih jeung kami?”

“Leuwih ti heula semah kula datanga ka patilasanana.”

“Tapi naha karek datang ayeuna? Ka mana heula?” Bena nanya deui.

Lalaki bieu, pribumi, nu boga imah, seuri.

“Semahna ngaso heula di guha, teu jauh ti patilasan. Ganti pakean. Kabulusan. Tas teuteuleuman, ngojay di Citarum tengah peuting.”

“Naha make ngojay heula?”

“Parahuna dikelebuhkeun….”

Bena jeung Rait papelong-pelong. Ras inget kana beja aya parahu ti kelebuh sarta nu tumpakna saurang ti teuleum. Tepi ka Bena aya nu neang peuting-peuting, nu ti teuleum teh keur ditareangan keneh.

“Jadi nu ti teuleum teh semah andika?” ceuk Bena.

“Dunungan daria oge,” ceuk nu boga imah lalaunan.

“Dunungan kami? Jadi?”

“Apan ceuk kami dikelebuhkeun, lain ti kelebuh.”

Paroman Bena jeung Rait ngadadak nembongkeun kagumbiraan anu pohara. Anu tadina sarepa, jadi garetihan deui. Saenyana Bena oge basa ngadenge beja ti Rait, Putri Anjungsari ti teuleum sarta tacan kapanggih, teu pati percayaaeun. Piraku nu dipeuseuh jeung diasah dina kanuragaan jeung kasakten tepi ka bisa cilaka titeuleum di walungan.

“Ka, kami oge teu percaya. Ngan kami ngarasa kudu ditepikeun ka Aka,” ceuk Rait.

Bena ukur seuri. Duanana ngoer-ngoer lebu, nyait bubuy beubeutian. Ditunda di luhureun tarang hawu. Sangges rada tiis dipesek, sarta didahar, disurungkeun ku ciherang nu keur haneut meujeuhna. Ari ka Olot Kaya jeung Ranah mah, Bena jeung Rait teh teu meulangeun. Duana percaya, Olot Kaya, apaleun kana kajadian nu sabenerna.

Isukna, wanci sareureuh budak, Bena jeung Rait, kitu deui Putri Anjungsari neruskeun deui lalampahan, make kuda, lantaran, boh kuda Bena, kuda Rait boh kuda Putri Anjungsari, geus nyampak tukangeun imah. Ku nu boga imah lain ukur dibekelan kadaharan, tapi oge papakean nu weuteuh keneh. Ari pakean tiluanana nu geus kalotor, henteu dibawa.

Kudana henteu ditegarkeun. Sakapeung lain make jajahan, tapi make jalan satapak, mapay huma. Sanggeus rada jauh ti Citarum, Bena ti heula. Rait angger jeung Putri Anjungsari. Pangna Bena ti heula, bisi jalan nu rek diliwatan aya pibahlaeun, babakuna bisa panggih jeung prajurit Cirebon nu keur nyorang lalampahan ngajugjug ka kulon, ka Pakuan Pajajaran.

Dina enyana deuih, masih keneh aya, najan teu loba, prajurit Cirebon nu rek ka Pakuan Pajajaran. Malah mah nu ti kulon oge aya nu baralik deui. Dibantuan ku Atus, Bena mampu meruhkeun prajurit Cirebon bari henteu ngalantarankeun prajurit Cirebon palastra, ukur disina sare ku cara ditotok handapeun ceulina.

Janari leutik tiluanana meuntas. Make rakit. Kabeneran aya tukang rakit nu tacan balik, ngan sanggeus meuntaskeun Bena, Rait jeung Putri Anjungsari, tukang rakit teh langsung balik. Sanggeus meuntas, Putri Anjungsari, Bena jeung Rait henteu sumarimpang heula, langsung neruskeun lalampahanana.***  Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x