“Loba perjurit balawiri. Siga aya nu diteangan jeung diudag. Apan opat urang mah cilaka di leuwi. Atuda make rakit nu tacan anggeus, atuh ucutan.”
“Katulungan?”
“Nu jelas mah opatanana ngajoprak handapeun rungkun awi.”
“Kira-kira ngudag jeung neangan saha?” Aki Jaya nanya deui.
“Teu apal.”
“Kungsi nu anyar pinanggih nyimpang ka warung?” Asmita milu nanya.
“Sarua teu apal. Apan kami mah teu nungguan warung, karek ayeuna,” tembal tukang warung.
“Enya, nya,” ceuk Asmita bari seuri. ”Aeh, ari di dieu paranti mandi di mana? Cinyusu.”
“Tuturkeun wae jalan nu dibalay batu, nujul ka sisi walungan. Handapeun calingcing aya lombang, caina cinyusu. Di dinya geus aya sisiuk,” ceuk tukang warung.
“Tara loba jalma?”