“Giliran jaga warungna. Nu kamari mah mulang heula, reureuh.”
“Kitu, nya? Tapi nu kamari mah siga lain nu pacabakanana ngawarung,” ceuk Asmita.
“Anyar keneh.”
“Urang mana?” Atus mairan.
“Urang dieu,” ceuk tukang warung bari ngasurkeun seuneu.
Asmita rek nanya deui, ngan Aki Jaya ngadehem bari mere tanda sangkan ulah tatanya deui. Asmita nurut, lalaunan nyuruput wedangna. Wedang haneut nu semu amis ngageleser kana tikorona, terus mapay kana peujit. Haneut. Nu sejen oge tingsuruput kana bekongna sewang-sewang. Narimateun pisan.
Tukang warung ngasong-ngasongkeun beubeutian, deungeunna kere lauk, lauk walungan, nu geus meunang ngahaneutkeun jeung rendos cengek. Aki Jaya, Asmita, Atus, Gingn jeung Suba, dalaharna rada rarewog, sapeupeuting teu karaban nanaon sarta tas nyorang lalampahan bari jeung bebelesatan lumpat. Mun tadina teu asak latihan mah kana mopo.
Sabot dadaharan teh taya nu nyarita. Tukang warung jongjon ngaguis-guis wedangna nu geus rada kimpel, tereh jadi gula. Ari pamajikanana nyeupan beubeutian jeung manggang kere lauk, cacapitna make awi. Dibulak-balik sangkan henteu tutung. Di jero warung karasa haneut.
“Teu riweuh ayeuna mah,” ceuk tukang warung ngamimitian nyarita.
“Riweuh kumaha kitu?” ceuk Aki Jaya.