Rek sajungjungeun leumpang, kadenge sora lengkah ti beulah kulon. Atus curinghak, gancang nyalingker ka tukangeun tangkal euras. Panonna manco ka lebah datangna sora. Teu lila, tina belegbegna peuting, ngurumuy dua urang, patutur-tutur. Leumpangna anca, henteu rusuh. Malah nu hareup mah siga nu ngalenghoy.
Ku Atus diteges-teges. Duanana make totopong warna hideung. Anu panghareupna mah diteregos tepi ka nu katempo ukur panonna. Basa ngalaliwat ka hareupeun tangkal nu dipake nyumput Atus, nu panghareupna ngarandeg. Anu tukang oge eureun. Anu panghareupna mencrong ka lebah tangkal.
Atus ngahephep, tapi bari taki-taki. Basa Atus tas ngiceup, nu pangtukangna geus euweuh. Atus ngajenghok. Ari nu panghareupna leumpang deui. Kana lebah punduk Atus karasa aya nu tiis. Atus gancang malik. Anu tadi euweuh teh geus aya tukangeunana, ngajega bari neuteup seukeut pisan.
Atus calangap, kaget jeung reuwas. Tacan oge pangacianana ngumpul, teu katuturkeun ku panon, dampal leungeun katuhu eta jalma ngolebat ka hareupeun beungeut Atus. Atus ujug-ujug teu inget di nanaon, awakna nyarande kana tangkal, sirahna ngeluk, panonna peureum siga nu sare tibra.*** Nyambung