Putri Anjungsari (58), Prajurit Cirebon nu Ngungudag Urang Pajajaran Diperuhkeun ku Cara Ditotok

- 17 Maret 2023, 05:30 WIB
Haur gereng nu carucukan. Jaman karajaan haur gereng dipake benteng.
Haur gereng nu carucukan. Jaman karajaan haur gereng dipake benteng. /Nanang S/Galura

ATUS seuri.

“Engke tuturkeun kami, teueul urat beuheungna handapeun ceuli, beulah kenca, ulah tarik teuing,” ceuk eta lalaki deui.

Leungeun katuhu eta lalaki nyomot taneuh nu baseuh ku ciibun, ongkoh lebah dinya mah taneuh teh beueus lantaran rada harieum ku tatangkalan. Dikeupeul-keupeul. Geus kitu taneuhna dikanaleungeunkencakeun tilu parapatna. Direret ku Atus, taneuh teh jadi garing malah mah siga nu ngeprul, siga taneuh di kolong imah. 

Belewer taneuhna dibaledogkeun ka lebah lalaki tiluan nu keur taki-taki. Keuna kana beungeut salahsaurangna. Taneuh nu dicekel ku leungeun kenca dikanaleungeun katuhukeun deui, saparona, sarta dibaledogkeun ka nu hiji deui. Taneuh sesana dibaledogkeun ka nu hiji deui. Tiluanna ngagurubug, pedangna lesot tina cekelanana.

Baca Juga: Putri Anjungsari (57). Nyanghareupan Prajurit Cirebon nu keur Ngudag Urang Pajajaran

Eta lalaki ngagajleng ka lebah lalaki nu keur garigisik. Dituturkeun ku Atus. Curuk eta lalaki sakilat neueulkeun urat beuheung salahsaurang. Dina gerakan anu teu katuturkeun ku panon, curukna neueul beuheung saurang deui. Sesana bagean Atus. Anu tiluan jumarigjeg, bru nalambru. Anu diteueulna ku Atus mah terus kokosodan.

“Tarik teuing?” ceuk eta lalaki bari nyampeurkeun  nu kokosodan.

“Kateuing,” tembal Atus bari angger nangtung.   

“Walah, bisa palastra.”

“Naha ulah tepi ka tiwas?” Atus panasaran.

Baca Juga: Dimimitian ku Ma Jaer, Revitalisasi Seni Umbul Mekar di Situraja Kabupaten Sumedang

“Kami lain jagal manusa,” tembal eta lalaki. Leungeunna susur-sasar kana beuheung nu keur kokosodan. Sanggeus dirampa mah henteu kokosodan deui.

“Atuh bakal terus ngungudag?”

“Moal,” tembal eta lalaki. “Ku kami dipohokeun.”

Atus nyureng. Sakanyahona  bisa mohokeun hiji jalma kana kajadian nu kaalamanana atawa kasaksianana teh elmu nu luhur. Teu kabeh bisa ngaji jeung ngawasa eta elmu. Hartina eta lalaki pangartina lain jore-jore mun enya bisa ngalantarankeun teu inget kana kajadian nu kaalaman ku hiji jalma, teu beda jeung teu inget ka mangsa keur orok.

“Arek dikumahakeun ieu jelema?” ceuk Atus.

“Antep wae,” ceuk eta lalaki.

Atus mencrong ka eta lalaki.

“Gancangan tinggalkeun ieu tempat,” ceuk eta lalaki.

“Naha?”

“Geus tong loba tatanya,” tembal eta lalaki. Gajleng luncat ka lebah jalan. Les teu katempo deui.

Baca Juga: Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

Atus oge gura-giru ngabelesat lumpat, rek nuturkeun deui nu tarumpak kuda. Tapi sanggeus sajongjongan bebelesatan,  teu kasusul wae. Atus heraneun, kuda moal bisaeun lumpat tarik lantaran jalanna tarahal, naha teu kasusul, jeung mun kudana bisaeun lumpat oge bakal kasusul.

Panasaran Atus ka sisi jalan. Dongko, ngilikan tapak talapok kuda. Teu tembong hiji oge. Dipapay rada ka hareup. Angger teu tembong. Nyarimpang ka mana nu tarumpak kuda teh? Atawa baralik deui? Atawa nyahoeun nu laleumpang disarekeun ku lalaki tadi jeung ku dirina, terus ditarulungan, tepi ka lalampahanana kandeg.

“Tapi weruheun ti mana? Apan rada jauh ti jalan,” gerentes Atus bari ngaluncatan pager huma nu dijieun tina dahan kai laleutik, rada rekep. Atus nangtung gigireun tangkal euras. Panonna rarat-reret ka subudeureunana.  Tapi teu tembong nanaon, kaayaan ukur kacaangan ku bulan sapasi jeung bentang nu baranang.

Hawa beuki nyecep tiis lantaran wanci ngagayuh ka janari mangsa hayam kongkorongok munggaran. Tatangkalan lir nu sare tibra. Ukur sakali-sakali oyag laon, katebak angin leutik. Atus tanggah ka langit, bengras, mega bodas pauntuy-pauntuy, dipasieup ku bentang nu katempona pating kariceup.

Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

“Mending ngadagoan Aka Asmita jeung Gingin atawa teruskeun?” ceuk Atus dina jero hatena. Lamun nuluykeun leumpang tacan karuhan di mana-mana nu tarumpak kuda. Bisa jadi tepi ka pameuntasan Cimanuk oge moal panggih deui. Ari rek ngadagoan Asmita jeung Gingin teu kuateun ku tiris.

“Ah, mending tuluykeun wae,” gerentes Atus. “Ke ngadagoan di pameuntasan.”

Rek sajungjungeun  leumpang, kadenge sora lengkah ti beulah kulon. Atus curinghak, gancang nyalingker ka tukangeun tangkal euras. Panonna manco ka lebah datangna sora. Teu lila, tina belegbegna peuting, ngurumuy dua urang, patutur-tutur. Leumpangna anca, henteu rusuh. Malah nu hareup mah siga nu ngalenghoy.

Ku Atus diteges-teges. Duanana make totopong warna hideung. Anu panghareupna mah diteregos tepi ka nu katempo ukur panonna. Basa ngalaliwat ka hareupeun tangkal nu dipake nyumput Atus, nu panghareupna ngarandeg. Anu tukang oge eureun. Anu panghareupna mencrong ka lebah tangkal.

Atus ngahephep, tapi bari taki-taki. Basa Atus  tas ngiceup, nu pangtukangna geus euweuh. Atus ngajenghok. Ari nu panghareupna leumpang deui. Kana lebah punduk Atus karasa aya nu tiis. Atus gancang malik. Anu tadi euweuh teh geus aya tukangeunana, ngajega bari neuteup seukeut pisan.

Atus calangap, kaget jeung reuwas.  Tacan oge pangacianana ngumpul, teu katuturkeun ku panon, dampal leungeun katuhu eta jalma ngolebat ka hareupeun  beungeut Atus.  Atus ujug-ujug teu inget di nanaon, awakna nyarande kana tangkal, sirahna ngeluk, panonna peureum siga nu sare tibra.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x