“Naha ulah tepi ka tiwas?” Atus panasaran.
Baca Juga: Dimimitian ku Ma Jaer, Revitalisasi Seni Umbul Mekar di Situraja Kabupaten Sumedang
“Kami lain jagal manusa,” tembal eta lalaki. Leungeunna susur-sasar kana beuheung nu keur kokosodan. Sanggeus dirampa mah henteu kokosodan deui.
“Atuh bakal terus ngungudag?”
“Moal,” tembal eta lalaki. “Ku kami dipohokeun.”
Atus nyureng. Sakanyahona bisa mohokeun hiji jalma kana kajadian nu kaalamanana atawa kasaksianana teh elmu nu luhur. Teu kabeh bisa ngaji jeung ngawasa eta elmu. Hartina eta lalaki pangartina lain jore-jore mun enya bisa ngalantarankeun teu inget kana kajadian nu kaalaman ku hiji jalma, teu beda jeung teu inget ka mangsa keur orok.
“Arek dikumahakeun ieu jelema?” ceuk Atus.
“Antep wae,” ceuk eta lalaki.
Atus mencrong ka eta lalaki.
“Gancangan tinggalkeun ieu tempat,” ceuk eta lalaki.