“Naha?”
“Geus tong loba tatanya,” tembal eta lalaki. Gajleng luncat ka lebah jalan. Les teu katempo deui.
Atus oge gura-giru ngabelesat lumpat, rek nuturkeun deui nu tarumpak kuda. Tapi sanggeus sajongjongan bebelesatan, teu kasusul wae. Atus heraneun, kuda moal bisaeun lumpat tarik lantaran jalanna tarahal, naha teu kasusul, jeung mun kudana bisaeun lumpat oge bakal kasusul.
Panasaran Atus ka sisi jalan. Dongko, ngilikan tapak talapok kuda. Teu tembong hiji oge. Dipapay rada ka hareup. Angger teu tembong. Nyarimpang ka mana nu tarumpak kuda teh? Atawa baralik deui? Atawa nyahoeun nu laleumpang disarekeun ku lalaki tadi jeung ku dirina, terus ditarulungan, tepi ka lalampahanana kandeg.
“Tapi weruheun ti mana? Apan rada jauh ti jalan,” gerentes Atus bari ngaluncatan pager huma nu dijieun tina dahan kai laleutik, rada rekep. Atus nangtung gigireun tangkal euras. Panonna rarat-reret ka subudeureunana. Tapi teu tembong nanaon, kaayaan ukur kacaangan ku bulan sapasi jeung bentang nu baranang.
Hawa beuki nyecep tiis lantaran wanci ngagayuh ka janari mangsa hayam kongkorongok munggaran. Tatangkalan lir nu sare tibra. Ukur sakali-sakali oyag laon, katebak angin leutik. Atus tanggah ka langit, bengras, mega bodas pauntuy-pauntuy, dipasieup ku bentang nu katempona pating kariceup.
Baca Juga: Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut
“Mending ngadagoan Aka Asmita jeung Gingin atawa teruskeun?” ceuk Atus dina jero hatena. Lamun nuluykeun leumpang tacan karuhan di mana-mana nu tarumpak kuda. Bisa jadi tepi ka pameuntasan Cimanuk oge moal panggih deui. Ari rek ngadagoan Asmita jeung Gingin teu kuateun ku tiris.
“Ah, mending tuluykeun wae,” gerentes Atus. “Ke ngadagoan di pameuntasan.”