Tepung Lawung ka-31 Kulawarga Muhammad Thayyib saban Lebaran Poe Kadua

- 11 April 2024, 13:25 WIB
Unggal lebaran kadua  kulawarga besar Muhammad Thayyib bin Thohir - Siti Zenab (1914-1979) ngagelar silaturahmi (reuni).
Unggal lebaran kadua kulawarga besar Muhammad Thayyib bin Thohir - Siti Zenab (1914-1979) ngagelar silaturahmi (reuni). /Sopandi /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Saban lebaran kadua ( H+1 Idul Fitri) kulawarga besar Muhammad Thayyib bin Thohir - Siti Zenab (1914-1979) teu welèh ngayakeun silaturahmi (reuni).

Taun ayeuna, 02 Syawal 2445 H, ninggang di tanggal 11 April 2024 M, pikeun nu ka 31 taun digelar di salasahiji panganjrekan seuweu Muhammad Thayyib di Sadu, Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung.

Sesepuh ti keluarga salasahiji seuweu generasi kahiji Muhammad Thayyib, Leman Sulaeman nyebutkeun, maksud reuni teh pikeun mageuhkeun beungkeutan silaturahmi kalawan dasar sababaraha katerangan: singsaha nu nyambungkeun silaturahmi bakal dipanjangkan umur, diparekkeun rijki jeung jaminan surga.

Baca Juga: Khutbah Idul Fitri DKM Al-Haq Margahayu Bandung: Ulah Ngarasa Cukup Pèdah Geus Rèngsè Ibadah di Bulan Romadon

Reuni diieusi ku tausiah nu ditepikeun ku Ustad Awan Fatriswana, salasahiji munantu generasi kahiji (seuweu Muhammad Thayyib). Materi nu ditepikeun kautamaan silaturahmi jeung kawajiban solat nu ngarupakeun tihang agama, atawa nu nyambungkeun sakabeh ibadah.

Satuluyna pamasrahan cindramata kadeudeuh ka putra Muhammad Thayyib nu masih aya, dituluykeun ku macakeun silsilah katurunan Muhammad Thayyib. Laju minton barudak ti kulawarga Muhammad Thayyib dina apalan ayat-ayat Al-Quran.

Kulawarga Muhamnad Thayyib ti entragan munggaran tepi ka ayeuna, ti anak, minantu, incu, bao jeung buyut geus aya kana 500 urang.

Leman Sulaeman ogè nyebutkeun, mimiti diayakeun reuni tina obrolan jeung anak (generasi 1) Muhammad Thayyib nu harita 7 urang ti 8 anak Muhammad Thayyib, da nu saurang geus tilar. Nya reuni diayakeun nu munggaran taun 1993.

Baca Juga: Lebaran Taun Ayeuna Taya Warta Macetna Cileunyi, Nagreg, Limbangan jeung Malangbong

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x