Disbudpar Teu Tatanya ka Pasebban, Bansos Pangan jang Budayawan & Seniman Salah Sasaran

- 9 April 2024, 19:41 WIB
Bantuan sosial pangan ka Pasebban di Rancabali Kabupaten Bandung.
Bantuan sosial pangan ka Pasebban di Rancabali Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bantuan sosial pangan ti Bupati Bandung, Dadang Suprilatna, mangrupa paket beas jeung minyak goreng keur 15.000 seniman katut budayawan nu kabeungkeut dina Paguyuban Seniman dan Budayawan Kabupaten Bandung (Pasebban) diduga salah sasaran.

Hal ieu kaungkab tina katerangan Ketua Pasebban Puseur, liwat sekretarisna, Abah Anton Rudiyana, Salasa, 09 April 2024. Abah Naton nyebutkeun ti nu dijangjikeun 15.000 paket bantuan pangan, sajumlah 500 paket geus dipasrahkeun ka anggota Pasebban nu hadir waktu pamasrahan sacara simbolis di Gedung Pasantren Budaya Giriharja Kecamatan Baleendah tanggal 10 Pebruari 2024.

Satutas pamasrahan bantuan pangan sacara simbolis ka Ketua 2 Pasebban Puseur, H. Dadan Sunandar Sunarya, pleng teu aya iber iraha sesana dibagikeun.

Baca Juga: Musker Pasebban, Ngawadahan Usulan Program jeunv Ngabahas AD-ART

Sacara teknis, ceuk Abah Anton, pamasrahan pangan dilakukeun ku Dinas Ketahanan Pangan jeung Disbudpar Kabupaten Bandung.

Satengahing Maret 2024 Korcam Pasebban Rancabali geus mimiti ngadistribusikeun bansos, ku pameredih pihak pamarèntah kecamatan nu ngalaksanakeun distribusi sapinuhna dipasrahkeun ka Pasebban, hiji-hijina mitra pamarèntah nu tupoksina ngokolaken para seniman jeung budayawan di Kecamatan Rancabali.

Tapi, ceuk Abah Anton, kaayaan kitu tèh teu diterapkeun di kecamatan sèjenna. Tina laporan ti Korcam Pasebban Ciparay, Soreang jeung Katapang kanyataanana teu mulus banglus sabab satutas kordinasi jeung pihak pamarèntah kecamatan sèwang-sèwang hasilna kacida beda jauh, utamana ngeunaan jumlah seniman jeung ngaran -alamat personel seniman budayawan nu nganjrek di kecamatan bieu.

"Tina data nu dipibanda pihak kecamatan, nu saurna sumberna ti Disbudpar, saatos ditalungtik kirang ti 10 persen nu leres-leres profesina seniman atanapi budayawan, " ceuk Abah Anton.

Baca Juga: Art In Motion di ISBI Bandung Kompetisi Seni Indonesia Walanda

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x