Tepung Lawung ka-31 Kulawarga Muhammad Thayyib saban Lebaran Poe Kadua

- 11 April 2024, 13:25 WIB
Unggal lebaran kadua  kulawarga besar Muhammad Thayyib bin Thohir - Siti Zenab (1914-1979) ngagelar silaturahmi (reuni).
Unggal lebaran kadua kulawarga besar Muhammad Thayyib bin Thohir - Siti Zenab (1914-1979) ngagelar silaturahmi (reuni). /Sopandi /galura.co.id

Tepi ka ayeuna ukur sakali teu dilaksanakeun waktu pandemi. Tempatna ogè teu robah, teu weleh di Sadu Soreang. Kungsi sakali di Banjaran, ogè di salasahiji seuweu Muhammad Thayyib. Tapi satuluyna terus di Sadu Soreang. Nu ka 31  ayeuna ukur nyesa saurang generasi kahiji.

Muhammad Tahyyib (Siti Zenab) jumeneng taun 1914-1979. Boga dulur Aki Ongeng (Pasawahan Margahayu), Nini Iti (Pangarang Bandung), Nini Encuk (Pasawahan Margahayu), Aki Anah (Pasawahan Margahayu) Aki Ukri - Nini Iyam, (Sayati Lama Margahayu), Aki Asih - Nini Uki (Sayati Lama Margahayu), Aki Emed - Nini Amah (Sayati Lama Margahayu).

Muhammad Thayyib boga seuweu Oen Eppendi (bojona: Imas Nana / Enah), dumuk di Sayati Hilir Margahayu, Syahro- Iti (Sayati Margahayu), Dewi- Idir (Sadu - Soreang), Hasan Waroi'-Euis Juariah (Sayati Lama Margahayu), Entim- Oking (Sayati Lama Margahayu), Iya Wibisana -Yuyu S/Nani (Sayati Lama Margahayu), Sukanda- Sumiyati (Sayati Lama Margahayu), Syarif Hidayat- Iroh/ Susilawati (Sayati Lama Margahayu). *** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah