Dandim 0617/Majalengka Turun Langsung Ngaroris Pos Pengamanan di Rest Area KM 166 Tol Cipali

- 8 April 2024, 12:12 WIB
Dandim 0617 Majalengka ngatoris Pos Pam tol Cipali Km 166, Ahad peuting (07/04/2024).
Dandim 0617 Majalengka ngatoris Pos Pam tol Cipali Km 166, Ahad peuting (07/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., bareng jeung jajaran Polres Majalengka ngaroris Pos Pengamanan (Pos Pam) Operasi Ketupat Lodaya 2024 di Rest Area Km 166 Tol Cipali, Desa Surawangi, Kecamatan Jatiwangi, Kabupaten Majalengka, Ahad (07/04/2024) peuting.

Ngaroris Pos Pam dilaksanakeun pikeun mastikeun kasiapan tur kalancaran arus mudik Idul Fitri 1445 H di wilayah Kabupaten Majalengka. Pos Pengamanan anu diroris ku Dandim: Rest Area Km166 Tol Cipali.

Dina eta kasempetan, Dandim hayang mastikeun situasi jeung kondisi kiwari di lapangan lumangsung kalayan kondusif. Inyanna oge meupeujeuhan ka patugas gabungan sangkan siaga tur ngaladenan  masarakat sahade-hadena.

Baca Juga: Dandim 0617/Majalengka Ngaluuhan Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya Taun 2024 Tingkat Polres Majalengka

Dandim cumeluk ka sakumna warga nu marudik sangkan sing iatna di jalan jeung ngestokeun  aturan lalu lintas, sarta ngajaga kasehatan jeung stamina.

Dandim netelakeun, sinergitas antara TNI-Polri katut instansi sejenna kawilng penting dina ngajaga kaamanan jeung kamerenahan salila arus mudik Idul Fitri 1445 H.

“Operasi Ketupat Lodaya 2024 dipiharep tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar. Masihan rasa aman ka sakumna pamudik anu hoyong lebaran di lembur banjar karang pamidangan," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.***  Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x