Bulan Pinuh Barokah, Dandim 0617/Majalengka NgabagikeunTajil ka Masarakat

- 15 Maret 2024, 12:30 WIB
Dandim 0617/Majalengka  jeung unsur Forkopimda Majalengka ngabagikeun tajil di hareupeun Masjid Al Mujahidin, Desa Babakansari, Kecamatan Bantarujeg, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/03/2024).
Dandim 0617/Majalengka jeung unsur Forkopimda Majalengka ngabagikeun tajil di hareupeun Masjid Al Mujahidin, Desa Babakansari, Kecamatan Bantarujeg, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., jeung unsur Forkopimda Majalengka ngabagikeun tajil ka  anu ngaliwat di hareupeun Masjid Al Mujahidin, Desa Babakansari, Kecamatan Bantarujeg, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/03/2024).

Letkol Inf Dudy Pilianto, netelakeun ngabagikeun tajil teh bukti  Kodim 0617/Majalengka jeung unsur Forkopimda Majalengka di bulan pinuh berkah, bulan suci Romadon 1445 Hijriyah, merhatikeun ka sasama.

"Dipiharep ku ngabagikeun tajil tiasa ngabantos ngaringankeun bangbaluh masarakat,  pamugi nyandak barokah kangge masarakat anu meryogikeun kangge buka saum," ceuk Dudy Pilianto.

Dijelaskeun Dudy, ngabagikeun tajil ka warga anu ngaliwat di hareupeun Masjid Al Mujahidin, dipiharep bisa ngabantu warga anu tacan kaburu nyiapkeun kadaharan keur buka puasa, alatan kasibukan dina pagawean.

Salasaurang warga Hamdi (45) anu kabeneran ngaliwat ngaku kawilang reueus tur bagja ka sakumna unsur pingpinan di Majalengka anu turun langsung ka jalan pikeun ngabagikeun tajil ka masarakat.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah