Warga Majalengka, Ngabageakeun Kalayan Gumbira Kagiatan Bazar Peduli Ramadhan 1445 H / 2024 M

- 29 Maret 2024, 08:00 WIB
Bazar murah di Kabupaten Majalengka.
Bazar murah di Kabupaten Majalengka. /Ayank/galura.co.id

Salian eta, Bazzar Ramadhan Dharma Wanita Persatuan Kabupaten Majalengka katut Tim Penggerak PKK oge ngayakeun Bakti Sosial mangrupa masrahkeun santunan paket sajumlah 258 paket.

Baznas Kabupaten Majalengka aub oge nyalurkeun 150 paket sembako, tur Dinas Sosial 100 Paket. Paket sembako keur tukang beca, patugas kabersihan, Penjaga Malam, Juru Parkir, sarta keur masarakat teu mampuh.

Pj Bupati Majalengka, H. Dedi Supandi, ngahatur nuhunkeun ka sakumna rengrengan DWP jeung PKK Kabupaten Majalengka anu geus ngainisasi program Bazzar Romadon 1.445 H.

Dedi nyebutkeun Bazzar Romadon bagian ti tarekah ngajaga kastabilan harga kabutuhan poko jeung ngajaga inflasi di masarakat. Salian bazzar, geus dilaksankeun monitoring harga kabutuhan poko katut sidak ka sababaraha pasar.

Lian ti eta ngalaksanakeun Gerakan Pangan Murah 9 kali di sababaraha titik kecamatan, kaasup survey harga ti tingkat produsen nepi konsumen.

Baca Juga: Pj Bupati Majalengka Kasemahan KIP Jabar, Ngaronjatkeun Literasi Digital

Dandim 0617/Majalengka

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P diwakilan ku Pa Sandi Kodim 0617/Majalengka Letda Cku Munjir hadir dina kagiatan Pembukaan Bazar Peduli Ramadhan 1445 H / 2024 M anu dilaksankeun ku Dharma Wanita Persatuan jeung Tim Penggerak PKK Kabupaten Majalengka.

Dandim 0617/Majalengka ditepikeun Pa Sandi Letda Cku Munjir nyebutkeun, umajak sakumna elemen warga masarakat keur hadir ngamangpaatkeun kagiatan Bazar Peduli Romadon 1445 H / 2024 M.

“Hayu sasarengan urang ngajagi katartiban, kaamanan tur kalancaran kagiatan, supados masarakat tiasa ngaraoskeun mangpaatna kagiatan Bazar. Oge sakantenan ngabuburit ngantos buka puasa, tiasa balanja di Bazar peduli Romadon," ceuk Letda Cku Munjir.*** Ayank R Sambara

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x