Teu Niat Jadi Anggota DPRD Hj. Aas Aisyah Ditawaran ku Ketua DPD Nasdem Kabupaten Bandung, Tinekanan

- 26 Maret 2024, 19:42 WIB
Hj. Aas Aisyah.
Hj. Aas Aisyah. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Tina 8 calon anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Dapil 2 nu kapilih dina Pemilu 14 Pebruari 2024 aya dua wanoja: Angie Natesha Goenadi Go ti PDIP nu meunang 6.730 sora, jeung Hj. Aas Aisyah ti Partai Nasdem nu meunang 4.194 sora.

Pikeun Hj. Aas, mimitina teu aya niat jadi anggota DPRD. Enya tèa mah inyana deukeut jeung masarakat Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung.

Dirina teh Ketua Tim Penggerak PKK Desa Mekarrahayu sabab memang inyana istrina Kepala Desa Mekarrahayu.

Baca Juga: Pemilu 2024, PKB Unggul di Kabupaten Bandung, di DPRD Ayeuna 12 Korsi, tapi ku Naon 01 Eleh?

Hj. Aas ngaku teu kataji ancrub kana politik. Mimitina mah cenah ditawari ku Ketua DPD Nasdem Kabupaten Bandung, Agus Yasmin pikeun nyalonkeun diri jadi anggota DPRD ti Partèy Nasdem di Dapil 2.

"Saur Ketua DPD Nasdem waktos harita: hak pilih di Desa Mekarrahayu seueur, janten simkuring kapincut, " ceuk Hj. Aas, Salasa, 26 Maret 2024.

Lantaran pangrojong carogèna, Hj. Aas antukna lèah narima tawaran Ketua DPD Nasdem Kabupaten Bandung.

"Nu pangpentingna tantos peran carogè. Upami teu aya idin sareng pangrojongna simkuring teu mungkin aub nyalonkeun janten anggota DPRD Kabupaten Bandung, " ceuk Hj. Aas.

Baca Juga: Janari Tadi KPU Kabupaten Bandung Rèngsè Pleno Rekapitulasi Hasil Pemilu 2024

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x