GALURA.CO.ID -Rencanana mah poè katilu ieu, Ahad, 3 Maret 2024 R Rekapitulasi Hasil Penghitungan Suara di Tingkat Kabupaten Bandung Pemilu 2024 rèngsè. Ngan, tepi ka jam 12.00 karèk anggeus 17 kecamatan, nyèsakeun 14 kecamatan deui.
Kitu nu ditepikeun Ketua KPU Kabupaten Bandung Syam Zamiat Nursyamsy dina lolongkrang kagiatan rekapitulasi di Hotel Sutan Raja Soreang.
"Masih kènèh aya 14 kecamatan, urang tarèkahan rèngsè dinten ayeuna. Tapi, upami aya wagelan panginten enjing ditarèkahan rèngsè," ceuk Syam.
Syam nambahkeun, metode rekap munggaran dibacakeun hasil pilpres, tuluy ditetepkeun jeung ditandatangan. "Kitu deui kanggo DPD, DPRI, DPRD Provisi, DPRD Kabupaten Bandung sami teknisna, ” pokna.
Pangitungan dilakukeun 2 panel. Nu geus anggeus tepi ka warta ieu turun. Di Panel 1: Kecamatan Ibun, Cilengkrang, Arjasari, Cikancung, Bojongsoang, Pacet, Solokanjeruk, jeung Kecamatan Majalaya.
Sedengkeun di Panel 2: Kecanatan Dayeuhkolot, Katapang, Soreang, Banjaran, Pangalengan, Cileunyi, Ciparay, Baleendah, jeung Kecamatan Margahayu.*** Sopandi