Lokakarya Mini Lintas Sektoral Widang Kasehatan di Cikijing

- 24 Maret 2024, 21:15 WIB
lokakarya mini lintas sektoral widang kasehatan, tempatna di Aula UPTD Puskesmas Cikijing, Desa Kasturi, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Saptu (23/03/2024).
lokakarya mini lintas sektoral widang kasehatan, tempatna di Aula UPTD Puskesmas Cikijing, Desa Kasturi, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Saptu (23/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Danramil 1705/Cikijing Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Dadang Purnomo ngaluuhan lokakarya mini lintas sektoral widang kasehatan, tempatna di Aula UPTD Puskesmas Cikijing, Desa Kasturi, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Saptu (23/03/2024).

Ieu kagiatan hiji riungan antara patugas puskesmas jeung sektor anu aya patalina pikeun ngaronjatkeun rukun gawe di Kecamatan Cikijing. Udaganana mingkin ngaronjatkeun pangladen  puskesmas tur ngabina aubna masarakat  sangkan bisa ngaronjatkeun fungsi puskesmas.

Danramil 1705/Cikijing Kapten Inf Dadang Purnomo netelakeun, ieu kagiatan dina raraga ngahangkeutkeun program kerja jeung bukti tarekah dina nalingaan kagiatan luyu jeung rarancang, dina ngawujudkeun masarakat sehat di Kecamatan Cikijing.

Baca Juga: Kapoksahli Pangdam III/Siliwangi Sacara Resmi Nutup Kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka

"Lokakarya mini lintas sektoral kangge ngaronjatkeun kemitraan lintas sektoral, kepala desa minangka representasi masarakat desa katut puskesmas minangka instasi kasehatan kangge sasarengan sinergi ngaronjatkeun darajat kasehatan masarakat," ceuk Danramil 1705/Cikijing. .

“Ku ayana lokakarya lintas sektor ieu dipiharep kenging rojongan oge kamandang ti lintas sektoral dina raraga ngaronjatkeun pangladen kasehatan anu langkung hade ka masarakat," ceuk Kapten Inf Dadang Purnomo.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x