Di Pasanantren Hidayatul Hikmah Syech Ibrahim Mahmoud Musta Umajak Jama'ah Nolih Nasib Bangsa Palestina

- 23 Maret 2024, 14:05 WIB
Pupuhu Pesantren Hidayatul Hikmah Kecamatan Kutaearingin , KH. Asep Hadimi jeung Syech Ibrahim Mahmoud Musta.
Pupuhu Pesantren Hidayatul Hikmah Kecamatan Kutaearingin , KH. Asep Hadimi jeung Syech Ibrahim Mahmoud Musta. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Salasahiji ulama Palestina, Syech Ibrahim Mahmoud Mustafa Abu Mahmoud, safari Romadon 18-23 Maret 2024 ngadongdon sababaraha masjid di Kabupaten Bandung bari ngagalang dana keur mantuan Palestina.

Kegiatan Safari Romadon nu difasilitasan ku Badan Amil Zakat Nasional (Baznas) Kabupaten Bandung  jejerna "Bersama Syech Ibrahim Mahmoud Mustafa Abu Mahmoud, Membasuh Luka Palestina."

Dina poè Juma'ah kamari, 22 Maret 2024 jam 12.00 WIB di Masjid Besar Kecamatan Pangalengan, dituluykeun ka Pesantren Hidayatul Hikmah pimpinan KH. Asep Hadimi di Desa Gajah Mekar Kecamatan Kutawaringin jam 16.00, laju ka Masjid Jami Nurul Hikmah Jalan Raya Gading Tutuka Deaa Cingcin Kecamatan Soreang.

Baca Juga: Donasi jang Palestina Liwat BAZNAS Kabupaten Bandung Kakumpulkeun Leuwih ti Rp 500 Juta

Di Pesantren Hidayatul Hikmah, Syech Ibrahim Mahmoud umajak ka rewuan jamaah nu daratang sangkan ngangpaatkeun media sosial pikeun nyumebarkeun ngeunaan kaayan Gaza Palestina sangkan bararèa apaleun  umat Islam di Gaza ngarandapat kajaliman.

"Sumebarkeun kabiadaban zionis Israel. Gunakeun media sosial urang kanggo muka sejarah nu saleresna perkawis Al-Aqso,  Al - Aqsa tèh kiblat munggaran umat Islam, sareng 1 ti 3 tanah nu Allah disucikeun," ceuk Syech ku basa Arab.

Ceuk Syech kabiadaban zionis Israel kudu disebarkeun lantaran minangka sabagèan wujud sabda Rasulullah SAW, "Upami nitènan kamunkaran mangka robah ku leungeun (kakuasaan). Mun seug teu mampu nya ku lisan. Mun teu mampu kèneh wae ku lisan, nya ku hatè. Èta tèh nu panghengkerna iman."

Syech ogè umajak sangkan ngamangpaatkeu bulan Romadon pinuh kaberkahan Alalh SWT bakal leuwih ngabulkeun doa hamba-Na.

"Hayu seueuran munajat ka Allah sangkan ka urang Gaza Palestina saènggalna Alloh masihan kaunggulan. Saenggalna dibebaskeun tina kabiadaban urang-urang zionis, " ceuk Syekh Ibrahim Mahmoud Mustafa Abu Mahmoud . *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x